Thursday, August 11, 2022

Babasan Jeung Paribasa (Bahasa Sunda)

 

Tiheula geus kacarita yén ari para bujangga mapaésan karanganana ku rupa-rupa perkara, di antarana ku babasan jeung paribasa.

Babasan jeung paribasa kaasup pakeman basa, teu meunang dirobah-robah, teu meunang dilemeskeun sabab lamun téa mah dirobah, bakal jadi robah hartina.

 

Babasan sarua jeung paribasa, ngan bédana téh ari babasan parondok, ari paribasa mah paranjang. Duanana ge bisa disebut pondok catur panjang maksud, ngandung harti anu jembar. Geura ieu conto-contona :

 

Babasan :

 

Panjang leungeun = sok daek pulang paling

Gede hulu = adigung, ieu aing uyah kidul

Leutik burih = borangan

Sabiwir hiji = pada nyaritakeun, pada nyaho

Buah haté = kakasih

Geulis gunung = alusna katémbong ti kajauhan

Pindah pileumpangan = robah adat tina alus jadi goréng

Miceun beungeut = ngalieus, teu ngawaro

Cucuk panon = matak teu genah nénjona

Gindi pikir = belang bayah = goreng haté = hasud

Heunceut ucingeun = teu kaop manggih lalaki sok reuneuh

Ngabuntut bangkong = teu aya terusna

Potol téko = lalaki teu boga nanaon, beak hartana teu boga nanaon

Potol jarum = awewe beak hartana, kari liangna

Balik ngaran = maot di lembur batur/di pangperangan

Mogok sapieun = geus teu maju pisan, teu beunang dikeureuyeuhkeun

Sentak badakeun = segutna ngan sageprakan

Segut waluh = segut digawe ngan sakeudeung, saterusna moyodok

Balung tunggal = tulang leungeuna ngan hiji, sok bedas cenah

Ceuli léntaheun =sok sadéngé-déngénaBiwir nyiru rombengeun = sok sagala dicaritakeun, teu dipilih hadé goréngna

Ngabaju = geus biasa, geus matuh

Sakulit bawang = sikep/pamadegan/iman anu ipis, babari robah

Kaliung kasiput = kalingkung ku baraya

Clik putih clak hérang = rido/ikhlas

Jeung sajabana

 

Paribasa :

 

Sacangreud pageuh sagolék pangkek = henteu lanca linci luncat mulang

Landung kandungan laér aisan = gedé tinimbangan

Halodo sataun lantis ku hujan sakali = kahadéan anu loba ruksak ku sabab migawé pagawéan anu goréng sakali

Ka hareup ngala sajeujeuh ka tukang ngala saléngkah = pangalaman nu geus kaliwat kudu jadi pangajaran pikeun ka hareupna

Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak = nu boga salah geus euweuh nu aya katideresa/katuding

Maung ompong bedil kosong = sanajan geus teu nyekel jabatan, tetep baé gedé pangaruhna/komarana

Sadom araning baraja, sakunang araning geni = anu ngaran pakarang atawa seuneu ulah dipaké heureuy sanajan letik, matak cilaka

Weruh sadurung winarah waspada permana tinggal = nyaho/ngarti kana naon anu bakal kajadian akibat tina pagawéan atawa kayaan harita

Giri lungsi tanpa hina = gede leutik, beunghar atawa miskin teu aya hak dihina

Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = nu leutik/lemah ngalawan nu gedé/kuat

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok = ari rajin mah diajarna sanajan belet bakal jadi pinter

Ciri sabumi cara sadésa, jawadah tutung biritna sacarana-sacarana = saban tempat ngabogaan kabiasaan masing-masing

Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria = kamashur

Sing caringcing pageuh kancing, sing saringset pageuh iket = sing waspada

Miyuni hayam kabiri, ngéplék jawér ngandar jangjang kuméok méméh dipacok = leutik burih, taya kawani

No comments:

Post a Comment

Mekanisme Kontraksi Otot

  Pada tingkat molekular kontraksi otot adalah serangkaian peristiwa fisiokimia antara filamen aktin dan myosin.Kontraksi otot terjadi per...

Blog Archive