Wednesday, April 10, 2019

ISTILAH PATUKANGAN (BAHASA SUNDA)



Patukangan teh nyaeta anu boga pagawean atawa anu purah migawe hiji pagawean .
Istilah dina bahasa sunda diantarana :
Anjun : tukang nyieun parabot tina taneuh
Amil,lebe : Tukang nuruskeun nu aya patalina jeung Agama di desa
Badaya : Awewe tukang ngigel di karaton atawa di kabupaten
Bujangga : tukang nyieun/ nulis carita
Barangmaen : Tukang jajaluk
Bengkong : Tukang nyunatan
Candoli : tukang ngajaga pabeasan di nu kariaan (biasana awewe)
Dalang : Tukang ngalakonkeun carita wayang
Gending : tukang nyieun parabot tina kuningan
Indung beurang : paraji nu sok ngurus ngajuru jeung ngurus orok
Kabayan : tukang dititah ka dittu da dieu
Kajineman : 1) mandor sakitan, 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
Kamasan : tukang nyieun parabot tina emas atawa perak
Kabojengkeng : tukang ngagusur padati
Kulaer : kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung
Kuncen : tukang ngurus kuburan
Legig : tukang ngasruk dina pamoroan
Lopor : Tukang ngagondeng jeung ngereunkeun kuda
Malim : tukang nalukkeun sasatoan
Masinis : Tukang ngajalankeun lokomotip
Maranggi : tukang nyieun landean jeung sarangka keris
Merebot : tukang nakol bedug
Nayaga : Tukang nabeuh gamelan
Nyarawedi : tukang ngagosok permata
O’ah : Jago Tukang ngagugulukeun teu ecreug
Pakacar : bujang, juru laden
Palatuk : iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
Paledang : tukang nyieun parabot tina tembaga
Palika : tukang teuleum (ngala lauk)
Pamatang : tukang moro (nu sok ngagunakeun tumbak)
Pamayang : tukang ngala lauk di laut
Panday : tukang nyieun parabot tina beusi
Paneresan : tukang nyadap
Paninggaran : tukang moro
Panyumpit : Tukang nyumpit
Sarati : tukang ngusir gajah

4 comments:

  1. Mantep dah pokony lengkap tapi sinden ga ada,oh iy btw naruto kga jadi mati y

    ReplyDelete
    Replies
    1. terima kasih atas perhatiannya.
      Kalau Naruto, gk ada matinya

      Delete
  2. Tukang ngala lauk di laut..?
    Tukang nyieun parabot dapur..?
    Tukang bangunan?

    ReplyDelete
  3. Tukang teulem/ngala lauk diwalungan


    ReplyDelete

Mekanisme Kontraksi Otot

  Pada tingkat molekular kontraksi otot adalah serangkaian peristiwa fisiokimia antara filamen aktin dan myosin.Kontraksi otot terjadi per...

Blog Archive