Wednesday, September 21, 2022

Nyusun Pupuh Kinanti, Asmarandana, jeung Sinom

 

A.    nyusun pupuh   Kinanti, Asmarandana,  jeung Sinom.  Masing –masing sapada.

1.      Pupuh kinanti (watekna prihatin, miharep,dina sapada diwangun ku genep padalisan )

Sakuloneun alun-alun         (8u)

Biasana aya masjid               (8i)

Paragi anu sarolat                 (8a)

Sambeang madep ka Gusti (8i)

Lima kali sapoena                (8a)

Kawajiban kaom muslim     (8i))

2.      Pupuh asmarandana (watekna  silih asih atawa nasehat, dina sapada diwangun ku tujuh padalisan).

Eling-eling murangkalih          (8i)

kudu apik jeung berseka         (8a)

ulah odoh ka panganggo         (8o)

mun kotor geuwat seuseuhan (8a)

soeh geuwat kaputan               (7a)

ka nu buruk masing butuh     (8u)

ka nu anyar masing lebar        (8a)

3.      Pupuh sinom (watekna   Gumbira, dina sapada diwangun ku  salapan padalisan).

Teu karasa ari mangsa                      (8a)

 ngarongheap tan kapahing              (8i)

 boro betah tumaninah                      (8a)

 tilu taun lir kamari                            (8i)

 heureuy katut arulin                          (7i)

 sareng pada-pada batur                    (8u)

 gumbira gogonjakan                         (7a)

 sugan teh moal patebih                    (8i)

kiwari mah kapaksa kedah paturay (12a)

No comments:

Post a Comment

Mekanisme Kontraksi Otot

  Pada tingkat molekular kontraksi otot adalah serangkaian peristiwa fisiokimia antara filamen aktin dan myosin.Kontraksi otot terjadi per...

Blog Archive