Wednesday, November 14, 2018

Soal UAS Bahasa Sunda Kelas 1 Semester 1

Mata Pelajaran          : Bahasa Sunda                                               Hari/Tgl   : ......................................

Kelas/Semester           : I/I                                                                 Nama       : ......................................

Waktu                         : ........................................

I. Cakra (x) dina salah sahiji aksara a, b atawa c  di hareupeun jawaban anu pangmerenahna !


Baca wacana di handap
                Imah
Imah téh tempat reureuh
Ngariung jeung kulawarga
Miceun capé saenggeus digawé

di imah téh sok aya kamar
kamar téh tempat saré
di kamar aya kasur jeung bantal

di imah aya rupa rupa parabot
kayaning méja korsi jeung tipi
aya ogé piring gelas jeung téko

saban parabot aya gunana
korsi paranti diuk
méja paranti nyimpen dahareun
piring paranti ngalas dahareun

ari gelas mah paranti nginum
ari sééng paranti naheur cai
ari téko sok dipaké wadah cai
nyaéta cai keur inumeun
ari tipi mah lalajoaneun
pan dina tipi aya rupa-rupa acara
kayaning warta jeung hiburan

1.    hiji kulawarga sok ngariung di . . . .
a.       kamar                      b. imah                  c. jamban
2.    imah téh tempat reureuh tina . . . .
a.       hiburan                    b. ngobrol             c. kacape            

3.    rohangan husus tempat saré nyaéta . . . .
a.       kamar                      b. dapur c. jamban            
4.    paranti nginum ngaranna . . . .
a.       piring                       b. sendok             c. gelas
5.    paranti ngalas dahareun ngaranna . . . .
a.       piring                       b. sendok             c. gelas
6.    tempat diuk nyaéta . . . .
a.       méja                        b. korsi                  c. tipi
7.    pintonan hiburan téh dina . . . .
a.       tipi                            b. méja                  c. korsi
8.    nyimpen dahareun biasana dina . . . .
a.       téko                         b. cangkir             c. méja
9.    naheur cai mah kana . . . .
a.       sééng                      b. cangkir             c. méja
10. cai inuman disimpeun dina . . . .
a.       sendok                    b. piring                 c. téko
11. jambah téh tempat . . . .
a.       saré                         b. mandi                c. digawe             
12. masak mah biasana di  . . . .
a.       tepas                       b. dapur c. kamar              
13. lalajo tipi biasana di . . . .
a.       jamban    b. pakarangan imah   c. rohangan tengah
14. di pakarangan imah aya . . . .
a.       taman                      b. dapur c. kamar              
15. di taman sok aya rupa-rupa . . . .
a.       rohangan                b. parabot             c. kembang



II. Pisahkeun suku kecapna kawas conto nomer hiji


1.    balatak
ba – la - tak
2.    beresih
___________
3.    berseka
___________
4.    cakeutreuk
___________

5.    Saréukseuk
___________

6.    Motekar
___________
7.    Someah
___________
8.    sonagar
___________

9.    macakal
___________
10. tawekal
___________



No comments:

Post a Comment

Mekanisme Kontraksi Otot

  Pada tingkat molekular kontraksi otot adalah serangkaian peristiwa fisiokimia antara filamen aktin dan myosin.Kontraksi otot terjadi per...

Blog Archive