Thursday, May 31, 2018

“PEPELING”


1.     Hayu urang sarerea
Meungpeung keur hirup di dunya
Amal keur sampeureun jaga
Di ahir moal sulaya

2.     sabab maot ngadodoho
anus ok dipoho-poho
datangna teu mere nyaho
ngageretek teu aya tempo

3.     Taya Raja taya kuring
Dimana ajal geus sumping
Teu meunang tempo anaking
Taya beurang taya peuting

4.     Renghap Ranjug mungguh bingung
Nyawa nganseg na genggerong
Lisan geus teu bisa ngomong
Nu deukeut geus teu katembong

5.     Horeng ieu the sakarat
Di cabut ku Malaikat
Nyawa ngangseg mapay urat
Teu aya daya keur lumpat

6.     Ngajolopong dituruban
Diriung di tarungguan
Logodor datang pasaran
Rek kumaha pangharepan

7.     Mana harta banda kuring
Nu dipuhit beurang peuting
Cik, mana anu ngageuing
Geuning geus kieu mah kuring

8.     Harta anu gunung-gunung
Pakean duit satangtung
Nu sok dipake adigung
Kana solat mah sok embung

9.     Maot henteu angkaribung
Sagala harta teu nulung
Ngan boeh eujeung asiwung
Tambah ku kai keur padung


10.      Ema bapa geus teu nulung
Anak bojo ngarariung
Tatangga ge ulubiung
Sarerea pada bingung

11.      Ngaleut ngeungkeuy ngabandalaeut
Beuki deukeut beuki deukeut
Mayit anu meunang meungkeut
Kana logak rupek heureut

12.      Rup ku padung rap ku lemah
Poek mongkleng jeung teu geunah
Heunteu bisa tumaninah
Ngarumas teu cara diimah

13.      Mana batur mana dulur
Kabeh ge balik ka lembur
Sumawona nambihan umur
Heunteu maturan di kubur

14.      Hanjakal abdi hanjakal
Teu sadia bekel amal
Padahal geuning padahal
Ngan amal nu jadi bekel

15.      Geus entong arek sasambat
Heunteu guna geus kaliwat
Bongan di dunya teu solat
Teurang anu nasehat

16.      Lain meureun lain sugan
Da iyeu mah kanyataan
Pasti kabeh ngalakonan
Geuning awak urang pisan

17.      Ieu nadom parantosan
Mugi janten peremutan
Kasadaya ihwan-ihwan
Mangga urang laleunyepan

18.      Disuhunkeun hapuntena
Ka sadaya nu hadirna
Mangga urang sulih dua
Nu sami pada araya


No comments:

Post a Comment

Mekanisme Kontraksi Otot

  Pada tingkat molekular kontraksi otot adalah serangkaian peristiwa fisiokimia antara filamen aktin dan myosin.Kontraksi otot terjadi per...

Blog Archive