Jaman baheula, di sabudeureun Jatiluhur masih kénéh loba
leuweung geledegan. Ari nu ngageugeuh di éta leuweung katut gunung-gunung di
sabudeureunana, hiji lelembut titisan siluman jaman Sangkuriang. Ngaranna
Jonggrang Kalapitung. Awakna jangkung badag tanding gunung. Kulitna
hideung lestreng. Bulu kumis jeung janggotna sagedé-gedé tambang injuk. Buukna
gimbal, kakara oyag lamun katebak angin baliung. Éstu pikagilaeun jeung
pikasieuneun pisan. Mun ngomong, sorana handaruan tanding gugur. Hésé ngabédakeunana,
naha keur leuleuy atawa keur ambek.
Hiji mangsa, Jonggrang Kalapitung hayang nguseup di Walungan
Citarum, lantaran hayang ngadahar beuleum lauk. Sanggeus ngahuleng sakedapan,
taya deui carana iwal ti kudu ménta tulung ka urang lembur nu aya di sisi
Walungan Citarum nya éta Lembur Cisarua. Barang nepi ka tungtung lembur, tuluy
hohoak ngageroan ka urang dinya.
“Héy, urang lembur, ka darieu, euy!” sorana handaruan.
Ngadéngé panggero Jonggrang Kalapitung, teu sirikna sapangeusi lembur tamplok
nyalampeurkeun.
“Aya pikersaeun naon Juragan ngempelkeun abdi di dieu? Abdi
sadaya sayogi upami juragan aya kapalay,” ceuk kokolot lembur.
“Ha..ha..ha..ha, hadé, hadé. Tapi ulah nyebut juragan, euy!
Uing mah hayang disebut Aa!” ceuk Jonggrang Kalapitung gumasép bari muril-muril
kumisna anu sagedé catang kalapa. Barabat atuh manéhna nyaritakeun kahayangna.
Hayang nguseup di Walungan Citarum. Anu matak rék ménta tulung ka urang lembur,
pangnyieunkeun useup anu gedé, talina anu gedé, sakalian jeung eupanna deuih.
Paménta Jonggrang Kalapitung ditedunan ku urang lembur.
Terus baé digarawé babarengan, nyieun useup raksasa. Sanggeus sawatara bulan
kakara anggeus, tuluy disanggakeun ka Jonggrang Kalapitung.
“Alus, nuhun, euy. Alus pagawéan téh, kapaké ku Aa mah. Ari
eupanna aya?” ceuk Jonggrang Kalapitung bari ngilikan useup jeung talina.
“Aya, ieu hulu munding.”
Hulu munding dicomot, tuluy dilelepkeun kana useup. Lung baé
dialungkeun ka Walungan Citarum, lebah leuwi nu pangjerona. Jonggrang
Kalapitung nguseup bari dilalajoanan ku sakabéh pangeusi lembur. Nangtungna
ngajégang. Sukuna nu sabeulah nincak gunung, ari nu sabeulah deui napak kana
tangkal bungur anu kacida gedéna. Salila sabulan manéhna ngajega kitu; nepi ka
gunung anu ditincakna jadi bongkok sarta tangkal bungurna ampir paéh anu ku
urang dinya mah disebut “sarang”. Anu matak nepi ka ayeuna gunung téh nelah baé
Gunung Bongkok. Ari urut tangkal bungurna jadi pilemburan anu nelah Lembur
Bungursarang, bawahan Desa Cisarua, Jatiluhur.
Dina poé kaopat puluh, useup téh oyag-oyagan. Gancang baé
atuh ku Jonggrang Kalapitung téh dicentok sataker tanaga. Ku lantaran lepas
teuing nyentokna, useup téh ngacleng jauh pisan ka tukangeunana. Dibetot hésé.
Ari pék ngait kana leuweung haur. Ku Jonggrang Kalapitung dibetot sataker
tanaga, nepi ka sakabéh haur di dinya kapangkas, tapakna jadi papak lir anu
beunang ngararata. Nu matak nepi ka ayeuna di dinya mah tara aya haur anu
jangkung sosoranganan. Upama kabeneran aya ogé, sok peunggas, jadi papak jeung
nu séjénna. Nepi ka kiwari éta leuweung téh katelah ngaranna Leuweung
Haurpapak.
Jonggrang Kalapitung panasaran, lauk naon anu nyanggut téh?
Barang diilikan, singhoréng ukur lauk jelér. Asup kana ceuli hulu munding anu
geus jadi tangkorék. Lantaran keuheul, éta jelér téh dibalangkeun, nya ragrag
di Lembur Cilélé, Désa Cisarua, Jatiluhur.
Tah, tempat ragragna jelér téh jadi émpang, anu nepi ka
ayeuna ku urang Cisarua mah disarebut Kubang.
Ku lantaran teu meunang lauk gedé, lila-lila Jonggrang
Kalapitung téh lapar. Karepna rék ménta tulung ka urang lembur, tapi geus
euweuh saurang-urang acan, lantaran kalabur sarieuneun nénjo Jonggrang
Kalapitung ambek-ambekan. Nu aya téh ngan tangkal jéngkol. Kabeneran deuih
buahna meuhpeuy leubeut. Henteu talangké, jéngkol téh dipupu, tuluy dikeremus
sacanggeum-sacanggeum. Na atuh barang rék kiih bet ngarasa nyeri. Singhoréng
Jonggrang Kalapitung téh jéngkoleun.
Manéhna gulang-guling bari gagauran nahan kanyeri. Tuluy baé
ngucapkeun supata, “Héy, tangkal jéngkol atah warah! Sia geus ngalantarankeun
aing nyeri kiih! Ayeuna ku aing rék ditumpurkeun! Nepi ka iraha baé ogé, di
daérah ieu tangkal jéngkol moal bisa jadi!”
Ceuk ujaring carita, sanggeus kajadian kitu mah Jonggrang
Kalapitung téh leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Ngan nepi ka ayeuna di
wewengkon Cisarua mah teu kungsi aya tangkal jéngkol anu bisa jadi, cenah
lantaran disupata ku Jonggrang Kalapitung
No comments:
Post a Comment