Wednesday, March 13, 2019

Soal Ulangan Basa Sunda Kelas 2 sms 2

Tutuwuhan
Nagara urang mah subur mamur
Sagala rupa tutuwuhan nyampak
Rek sayur sayuran atawa bungbuahan
Sayuran mah aya wortel, kangkung, bayem, jeung nu lianna
Bungbuahan aya alpukat, jeruk, dukuh, dalima
Dina hiji waktu di Taman Wisata Mekarsari Bogor
Kungsi diayakeun pameran tutuwuhan
Tutuwuhan teh gede pisan gunana pikeun kasehatan
Bisa oge pikeun ngageugeulis lingkungan urang

I.         Jawab pananya di handap !
  1. Naon judul wacana diluhur ?
  2. Kumaha kaayaan nagara urang teh ?
  3. Naon wae nu kaasup kana bungbuahan teh ?
  4. Dimana cenah kungsi diayakeun pameran ?
  5. Naon gunana tutuwuhan pikeun urang ?
II.      Cakraan (X) dina abjad jawaban nu benerna !
  1. Bu Guru parantos….ka sakola
a.       Mios          b. angkat         c. sumping
  1. Abdi….buku bahasa sunda ti toko buku
a.       Meuli         b. meser           c. sumping
  1. Kembang melati mah warnana teh …..
a.       Beureum    b. koneng        c. bodas
  1. Buah nu kulit luarna cucukan nyaeta……..
a.       Kadongdong         c. kadu
b.      rambutan
  1. Dina buah jeruk loba ngandung vitamin……
a.       C               b. A                 c. B
III. Eusian titik-titik dihandap ieu !
  1. Sebutkeun 3 alat-alat sakola …..
  2. Sebutkeun 3 sasatoan dipelihara/dikukut………
  3. Paranti macul di sawah ngaranna………
  4. Baju nu kotor kudu di………
  5. Bapa kuring padamelanna………angkot
  6. Basa lemesna leungeun nya eta……
  7. Suku lemesna……..
  8. Paranti ngala jukut nyaeta ngaranna………..
  9. Sebutkeun macam macam tutuwuhan…………
  10. Sebutkeun macam-macam bungbuahan…………



No comments:

Post a Comment

Mekanisme Kontraksi Otot

  Pada tingkat molekular kontraksi otot adalah serangkaian peristiwa fisiokimia antara filamen aktin dan myosin.Kontraksi otot terjadi per...

Blog Archive