Thursday, March 14, 2019

Soal UTS Bahasa Sunda Kelas 5

I . Cakraan (X) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener !
1.   Dina babagean surat nu ditulis pangluhurna nyaeta  . . . .
A. tujulna surat              B. titimangsa               C. eusi surat                D. bubuka surat                      

2.   Kecap rundayan make pika + eun contona  . . .
     A. picontoeun                 B. pikeseleun               C. pikalucueun            D. pikantoreun                                   

3.   Abdi kamari teu kasakola da . . . tos tilu dinten.
   A. udur                           B. gering                     C. teu walakaya          D. teu damang

4.   Dongeng fabel nyaeta dongeng nu nyaritakeun kahirupan . . . .
   A. manusa                      B. bungbuahan            C. tatangkalan             D. sasatoan                             

5.   Parafraseu sajak nyaeta ngarobah wangun sajak kana wangun . . . .
A. prosa/carita                B. puisi                        C. lagu                         D. dongeng                

6.   Ucing maling paisan lauk. Ieu kalimah teh jejerna . . . .
      A. ucing                         B. maling                     C. paisan                     D. lauk                                               

7.   Alat musik dina seni sunda biasana disebut  . . . .
      A. kendang                    B. goong                     C. waditra                   D. saron

8.   Galur carita biasana disebut oge  . . . .
      A. plot                            B. watek                      C. karakter                  D. padalisan

9.   Sonona, wassalam atawa baktos abdi dina bagean surat kaasup kana  . . . .
A. salam pamuka                                                C. bubuka
      B. salam panutup                                               D. tawisan

10. Ema keur nyeuseuh mukena.
Kalimah diluhur mun dirobah kana kalimah pasip jadi  . . . .
A. Seuseuh heula mukena teh, Ma !                 
B. Ema teh keur nyeuseuh mukena ?                
C. Mukena keur diseuseuh ku Ema.     
D. Keur nyeuseuh mukena, Ema teh ?

11.  Pamadegan dina basa Indonesiana  nyaeta . . . .
A. kehendak                   B. kira-kira                  C. kemauan                 D. pendapat

12.  Karangan anu eusina midangkeun hiji perkara anu ngagunakeun katerangan sacara detail disebut . . . .
A. argumentasi               B. deskripsi                 C. narasi                      D. eksposisi

13.   . . .  mawa buku ge cumah, ari teu dibaca mah.
A. Lamun                       B. Sanajan                   C. Atawa                     D. Basa                                  

14.  Maut nyere kacongonakeun hartina . . . .
A. Sangsara kakolotnakeun                                          
      B. Sangsara tileleutik                                                    
C. Sangsara tibubudak
D. Sangsara saumur-umur

15.  Paribasa peujit koreseun hartina  . . . .
A. babari neunggeul                                           C. babari ambek
      B. babari ceurik                                                  D. babari lapar

II.  Eusian titik – titik di handap ieu ku jawaban nu merenah !

16.  Ulah bala teuing buruan teh ! Sapukeun ngarah . . . .
17.  Uyah mah tara tees ka . . . .
18.  Dina ngaran patukangan nu sok ngajaga pabeasan dinu kariaan/hajat disebut  . . . .
19.   Enggal tuang heula bilih kabujeng tiis, da abdi mah nembe tos . . . .
20.  Cik pangnyandakeun buku basa sunda diluhur meja !
Kalimah diluhur kaasup kalimah  . . . .
21.  Neng Tuti mah keur geulis teh amis budi, hartina amis budi nyaeta  . . . .
22.  Bapa presiden ngaresmikeun pabrik gula.
Kalimah diluhur lamun dirobah kana kalimah pasip . . . .
23.  Harti paribasa ceuli lentaheun nyaeta  . . . .
24.  Dongeng nu nyaritakeun kahirupan sasatoan disebut . . . .
25.  Kecap rajekan dwipurwa contona  . . . .
26.  Ngaran kaulinan barudak diantarana . . . .
27.  Alat musik dina seni sunda disebut . . . .
28.  Si Adun mah ambekna sakulit bawang , hartina  . . . .
29.  Puisi disusun dina basa . . . .
30.  Kecap menta make rarangken pang + keun jadi . . . .
III.   Prak jawab luyu jeung parentahna !
31.  Tulis tilu conto kecap rajekan trilingga !
32.  Naon hartina paribasa “kudu tungkul ka jukut tanggah ka sadapan” ?
33.  Jelaskeun naon bedana prosa jeung puisi !
34.  Tulis sacara urut bagean – bagean dina surat !
35.  Tuliskeun palanggeran (guru lagu jeung guru wilangan) dina pupuh mijil !


3 comments:

Mekanisme Kontraksi Otot

  Pada tingkat molekular kontraksi otot adalah serangkaian peristiwa fisiokimia antara filamen aktin dan myosin.Kontraksi otot terjadi per...

Blog Archive