1. Watesan Nulis
Nulis atawa ngarang mangrupa
kamampuh ngagunakeun basa dina wangun tinulis, pikeun nepikeun gagasan, eusi pikiran,
kahayang, kereteg haté, atawa informasi. Nepikeun gagasan atawa informasi dina
wangun tinulis kudu dipigawé kalawan daria tur ati-ati, sarta dipigawé dina
waktu anu rinéh sangkan bisa mikir pikeun nyusun jadi kalimah. Tina kalimah jadi
paragrap, paragrap jadi wacana jeung saterusna, nepi ka ngajanggélék jadi
wangun karangan anu mibanda ajén jeung tujuan.
Gagasan atawa informasi anu
dipidangkeun dina wangun tinulis bakal leuwih gembleng batan dina wangun lisan.
Nepikeun gagasan dina wangun lisan mah sok rajeun loba nu kaliwat, sajaba ti
susunan kalimah sok teu puguh éntép seureuhna. Ari dina wangun tinulis mah,
gagasan bakal gembleng tur sistematis sabab waktuna rinéh tur dirakit kalawan
ati-ati, struktur kalimahna ogé bakal leuwih hadé. Lian ti kitu, nepikeun dina
gagasan dina wangun tinulis mah bakal mibanda ajen dokuméntér lantaran bisa
diulik sababaraha balikan. Nepikeun gagasan atawa informasi dina wangun tinulis
sawadina kudu dipigawé kalawan ati-ati tur daria, taya lian sangkan mibanda
ajén anu hadé. Ku kituna, tujuan anu rék ditepikeun baris kahontal. Sangkan
karangan atawa tulisan mibanda ajén, salian kudu nyumponan sababaraha pasaratan
téh ogé kudu tuhu kana palanggeran makéna basa (EYD).
2. Sarat Karangan nu Alus
Karangan anu dianggap nyumponan
sarat, sakurang-kurangna mibanda lima unsur nyaéta (1) eusi, (2) wangun, (3)
tata basa, (4) gaya, jeung (5) mekanik (éjahan jeung tanda baca). Eusi karangan
nyaéta ngeunaan hal atawa perkara anu dijadikeun jejer karangan. Naha eusi
karangan téh medar perkara kalawan gemet tur jéntré, atawa ngan ukur saulas?
Wangun karangan nyaéta ngeunaan susunan atawa cara midangkeun karangan. Tata
basa nyaéta aturan nu patali jeung ngawangun kecap katut pola-pola kalimah.
Gaya (style) nyaéta ngeunaan cara méré warna dina midangkeun gagasan. Ejahan
jeung tanda baca mangrupa palanggeran atawa aturan dina ngagunakeun
lambang-lambang tinulis.
Tina katerangan di luhur tétéla
yén nulis atawa ngarang téh mangrupa gabungan tina sajumlahing kamampuh anu
béda-béda, boh kamampuh dina widang basa boh kamampuh dina widang non basa.
Kamampuh basa nyaéta kamampuh ngeunaan kaparigelan makéna basa. Kamampuh makéna
basa nyaéta kamampuh nu aya disaluareun widang basa kayaning; pangaweruh
matéri, kakeyeng midangkeun tulisan, kawani nembrakkeun pamadegan jsté.
Nulis atawa ngarakit karangan teu
cumpon ukur ku ngandelkeun bakat atawa karep wungkul, tapi perlu mibanda
pangaweruh, boh pangaweruh ngeunaan padika nulis boh ngeunaan bahan atawa
matéri karangan. Anu disebut mibanda pangaweruh nulis nyaéta upama geus
nyangking pangaweruh ngeunaan wangun gramatik kayaning foném, morfém, kecap,
frasa, klausa, kalimah jeung alinéa atawa paragraf. Kitu deui pangaweruh
ngeunaan cara nuliskeun huruf, kecap jeung unsur serepan sarta tanda baca
sakumaha palanggeran anu geus ditangtukeun.
Gorys Keraf (1984) nétélakeun yén
karangan téh hakékatna mangrupa gambaran tina eusi pikiran atawa rasa, anu
diwujudkeun dina wangun tinulis. Sangkan mampuh nétélakeun eusi pikiran atawa
rasa kalawan gembleng, leuwih ti heula kudu nyangkem aspék-aspék basa kayaning:
1) Nyangkem sajumlahing kabeungharan kecap;
2) Nyangkem kaédah-kaédah sintaksis;
3) Mibanda kamampuh gaya nu merenah; jeung
4) Mibanda bahan karangan.
a. Kabeungharan Kecap
Nyangkem sajumlahing kabeungharan
kecap (kosa kata) mangrupa pasaratan penting pikeun ngébréhkeun eusi pikiran
atawa rasa dina wangun tinulis. Leuwih loba nyangkem kabeungharan kecap bakal
leuwih lancar jeung loba deui atawa gagasan anu bisa dipedar. Numutkeun sipatna
kecap bisa dibédakeun jadi dua rupa; (1) konotatif nyaéta kecap anu ngandung
harti rangkepan, jeung (2) dénotatif nyaéta kecap anu ngandung harti satarabasna.
Dumasar kana ayana sifat kecap
sakumaha anu ditétélakeun di luhur, nu nulis kudu parigel milih kecap anu
merenah pikeun ngébréhkeun eusi pikiran sangkan gagasan bisa kaharti kalawan
luyu jeung pamaksudan. Hartina, kecap anu dipaké teu matak ngandung harti séjén
(ambigu) anu ahirna bisa ngabalukarkeun salah tafsir.
b. Kalimah Eféktif
Midangkeun eusi pikiran atawa
gagasan kalawan gembleng sarta bisa kaharti kalawan luyu jeung anu dimaksud,
teu cukup ku nyangkem sajumlahing kabeungharan kecap wungkul, tapi ogé kudu
mampuh midangkeun gagasan dina wangun kalimah anu éféktif. Kalimah éféktif
nyaéta kalimah anu bisa ngébréhkeun eusi pikiran kalawan merenah. Kalimah
éféktif salian ti ngandung kakuatan anu bisa némbongkeun eusi pikiran pangarang
téh, ogé gampang kahartina. Hiji kalimah bisa disebut éféktif upama nyumponan
sarat saperti ieu di handap, di antarana: (1) bisa ngawakilan eusi pikiran
kalawan merenah, (2) sanggup méré gambaran anu sarua jeung eusi pikiran
pangarang. (3) Kalimah éféktif mibanda sawatara pasaratan, nyaéta: gembleng:
kalimah anu bisa némbongkeun beungkeutan gagasan sarta ngandung hiji ide poko.
(3) kohérénsi: kalimah anu ngawangun alinéa némbongkeun runtuyan anu sinambung.
c. Alinéa
Alinéa atawa paragrap nyaéta beungkeutan pikiran nu
mangrupa kumpulan atawa gabungan tina kalimah-kalimah pikeun pangawangun hiji
gagasan. Dina alinéa hiji gagasan katémbong leuwih ébréh.
Teu béda ti nyusun kalimah, nyusun alinéa anu éféktif
mérédih pasaratan, nyaéta:
• gembleng; kalimah-kalimah anu ngawangun alinéa kudu
némbongkeun beungkeutan perkara atawa tema.
• koherensi; kalimah-kalimah ngaruntuy kalawan
sinambung gampang kaharti, némbongkeun jalan pikiran anu wajar tur ngarojong
kana téma.
• kalimah-kalimah anu ngawangun alinéa némbongkeun
wincikan gagasan tur ngaruntuy kalawan sinambung.
• Pamekaran alinéa katémbong tina runtuyan kalimah
anu medar téma.
d. Gaya
Gaya basa atawa style nyaéta mangrupa kaparigelan
dina makéna basa pikeun mere warna kana ieu karangan. Gaya basa mangrupa cara
némbongkeun eusi pikiran ku kaparigelan makéna basa. Gaya basa mangrupa bagian
tina diksi (pilihan kecap), loyog henteuna hiji kalimah atawa kecap pikeun
némbongkeun gagasan. Kaparigelan némbongkeun eusi pikiran, mangaruhan kana gaya
basa pangarang. Ku kituna, gaya basa raket patalina jeung aspék kabasaan
kayaning diksi, frasa, klausa, jeung kalimah.
e. Éjahan jeung Tanda Baca
Éjahan nyaéta palanggeran ngeunaan cara makéna aksara
gedé atawa leutik, ipis atawa kandel, déngdék jeung ajeg, jsté. Sakumaha anu
ditangtukeun dina palanggeran éjahan basa Sunda.
No comments:
Post a Comment