1. Watesan Nyarita
Kagiatan nyarita téh kagolong
kénéh kana aspék kaparigelan makéna basa, saperti ngaregepkeun. Dumasar kana
tujuanana nyarita téh mangrupa kagiatan pikeun nebarkeun eusi pikiran, gagasan
pamaksudan, rasa, ku cara lisan atawa cara nyarita ka nu lian. Ku cara kitu
dipiharep nu lian (nu diajak nyarita) atawa anu ngabandungan bisa ngarti kana
maksud jeung tujuan anu dilisankeun.
2. Kamampuh Nyarita
Ku kituna, dina widang pangajaran
pangajaran nyarita biasana guru sok mere papancén ka salah saurang murid pikeun
nyarita, atawa nyaritakeun hiji perkara. Pikeun mere pangajén kana kamampuh
atawa kaparigelan nyarita, nu kudu meunang panitén saeutikna ngawengku opat
unsur nyaéta: (1) lafal atawa ucapan (kaasup vokal, konsonan jeung intonasi),
(2) tatabasa, (3) kabeungharan kecap, jeung (4) Paséhat/lancarna cumarita. Dina
budaya Sunda paripolah anu aya patalina jeung nyarita téh nyaéta di antarana waé
sakumaha anu karékam dina kahirupan sapopoé, boh salaku babasan/paribasa boh
salaku kacapangan, saperti nu kaunggel ieu di handap.
Dina basa Sunda kawilang réa
istilah atawa prédikat anu nuduhkeun patalina paripolah nyarita, totondén yén
dina hirup kumbuh urang Sunda peta nyarita kungsi jadi ukuran atawa indikator
anu kagolong penting pikeun nangtukeun pribadi hiji jalma. Pangpangna upama dipatalikeun
jeung tradisi tata campur gaul basa urang dina mangsa béh ditu.
3. Biantara
a. Watesan Biantara
Biantara atawa pidato nyaéta
nyarita di hareupeun balaréa. Dina biantara anu nyarita mangrupa tokoh anu jadi
puseur paninggal balaréa. Teu béda jeung artis anu keur manggung, sakur ucap
jeung paripolah nu nyarita teu leupas tina panitén pamiarsa (balaréa). Maksud jeung
tujuan biantara nyaéta lain ngan saukur jadi tontonan tapi ngandung tujuan
pikeun nepikeun gagasan atawa eusi pikiran anu kudu kaharti.
Aya bédana antara nyarita dina
paguneman jeung nyarita dina biantara. Dina biantara mah henteu
pacéntal-céntal. Nu biantara mah jongjon nyarita nepikeun gagasan atawa eusi pikiran,
paregep jongjon ngaregepkeun nepi ka réngséna. Ku kituna, nyarita dina biantara
mah mérédih pasaratan anu béda jeung paguneman, lain baé kudu mibanda kamampuh makéna
basa tapi ogé rupa-rupa kamampuh saluareun basa, kayaning: wanter, tenang,
katut gerak- gerik ni matak narik ati.
b. Sarat jeung Gunana Biantara
Hal anu kudu
ditengetkeun dina biantara, nyaéta:
(1) kudu tenget kana pamapag pamiarsa kana pedaran
urang;
(2) udagan utama nyaéta sangkan pamiarsa ngarti kana
maksud pedaran;
(3) kudu aya karep ngaluyukeun sarta fléksibel dina
midangkeun pedaran:
(4) kudu ngaheulakeun interest (perhatian; pangresep)
pamiarsa.
Kamampuh biantara (orasi) geus
tangtu loba gunana jeung gedé pangaruhna dina kahirupan sapopoé. Ku kamampuh
biantara, orator baris bisa mangaruhan balaréa. Loba conto dina kahirupan,
kumaha seukeutna pangaruh biantara lain baé bisa mangaruhan sikep jeung pamadegan
hirup, tapi ogé tujuan. Ku kamampuh biantara bisa ngagedurkeun sumanget, bisa nungtun
balaréa pikeun ngalaksanakeun tujuan anu geus ditangtukeun jsté. Pikeun guru
mah kamampuh biantara téh kawilang penting, pangpangna pikeun ngajéntrékeun
eusi pikiran, jeung pikeun medar pangajaran.
Dina nyarita biantara mah teu bisa
ujug-ujug pok kitu baé tapi ti saméméhna kudu dirarancang jeung disiapkeun
heula bahan picaritaeunana jeung pasaratan séjénna. Teu béda jeung tatan-tatan
dina waktu nyusun bahan tinulis, bédana téh ari dina biantara mah, nyaéta:eusi
pikiran ditepikeun kalawan langsung; dilisankeun tur adu hareupan; jeung
pamiarsa daék teu daék kudu nuturkeun (ngabandungan) pedaran kalawan
sistematika sakumaha anu ditepikeun ku nu biantara.
No comments:
Post a Comment