BAB
I
BUBUKA
1.1 Kasang
Tukang
Diajar basa téh tujuan utamana mah
sangkan siswa mahér atawa parigel ngagunakeun basa. Ku mahér basa dipiharep
weruh jeung alus (positip) sikepna kana basa. Kamahéran atawa kaparigelan basa
nyoko atawa ngamuara kana opat aspék anu “caturtunggal”, nyaéta ngaregepkeun,
nyarita, maca, jeung nulis. Éta opat aspék téh bisa patali jeung widang kanyataan
(nonfiksi) atawa widang rékaan (sastra, fiksi). Jadi, ébréh yén dina
enas-enasna mah aya tilu tahap kamampuh atawa kompeténsi (competence domains)
dina pangajaran basa jeung sastra, nyaéta: (1) kaparigelan atawa kamahéran basa
(psikomotor), (2) kaweruh basa (kognitif), jeung (3) sikep kana basa (afektif).
Dina bagian ieu pedaran bakal diécéskeun naon jeung kumaha ari gék-gékanana kaparigelan
basa anu opat téa (catur tunggal).
Ditilik tina jihat étimologis, kecap
kaparigelan téh asalna tina parigel. Kecap parigel téh méh sawanda jeung kecap
tapis, paséh(at), atawa mahér. Ari hartina parigel nurutkeun KUBS nyaéta bisa
digawé jeung bisa usaha. Kecap tapis ngabogaan harti bisa atawa pinter dina sarupaning
perkara. Demi paséhat asalna tina basa Arab (fatsihat) anu ngandung harti bisa ngucapkeun
atawa ngunikeun kecap-kecap (hususna basa Arab) sakumaha mistina. Anapon kecap
mahér nurutkeun R Sacadibrata (1954) téh asalna tina kecap mahir (Indonesia) nu
hartina percéka, pinter, kacida alusna atawa kacida bisana. Jadi, boh parigel,
tapis, paséhat, boh mahér ngagunakeun basa Sunda ngandung harti mibanda
kamampuh lisan jeung tinulis dina widang basa Sunda.
Kamampuh atawa murba basa,
nurutkeun Chomsky disebut kompeténsi (competency) jeung performansi
(performance). Kompeténsi nyaéta kamampuh anu sipatna abstrak lantaran teu
kaciri jungkiring jirimna atawa réngkolna. Mungguh kompeténsi mah nyangkarukna
téh aya dina batin (diri) manusa nyaéta mangrupa pangaweruh jeung sikep. Béda
deui jeung performansi anu mangrupa kamampuh anu sipatna kongkrit, wujudna nyampak
dina opat kaparigelan basa téa. Jadi, kamahéran téh tegesna leuwih nyoko kana aspék
performansi najan saéstuna mah hésé misahkeunana antara kompeténsi jeung performansi
téh. Malah bisa disebutkeun yén kaparigelan téh enas-enasna mah adu-manisna antara
kompeténsi jeung performansi téa.
Ari kamahéran basa téh sipatna
mékanistik, hartina kamahéran basa téh baris ngaronjat ajénna lamun mindeng
latihan kalawan tuluy-tumuluy (berkesinambungan) tur sistematis. Ieu hal téh
ngandung harti yén sing saha baé nu hayang parigel ngagunakeun atawa maké basa
Sunda, kudu remen latihan, maca, ngaregepkeun, nyarita jeung nulis ku basa
Sunda. Implikasina pikeun pembelajar (siswa) –salaku subjék didik-, kudu loba
dibéré kasempetan pikeun latihan ngagunakeun basa Sunda dina rupa-rupa situasi.
Dina émprona, aspék nu opat téh saéstuna mah henteu napsi-napsi da mindeng papasangan.
Upamana waé, antara ngaregepkeun jeung maca, atawa antara nyarita jeung nulis (ngarang).
Unggal-unggal kaparigelan téh tétéla merlukeun kamampuh nu mandiri deuih.
Najan enya antara nyarita jeung
ngarang téh enas-enasna mah sarua pada-pada kamampuh nu sipatna produktif, tapi
dina prakna mah lain-lainna deui. Da masing-masing kudu ngéstokeun padika
éjahan jeung tanda-tanda baca, tapi teu kauger ku lentong atawa wirahma. Ari
dina nyarita mah sabalikna. Luyu jeung
kamandirianana, rupaning kasulitanana ogé réa bédana di antara opat kamampuh
téh. Ku kituna, kawilang kurang merenah lamun aya nu nyebutkeun yén di antara nu
opat rupa kaparigelan ngagunakeun basa téh, ngaregepkeun mah nu pangbabarina.
Atawa sabalikna, nulis (ngarang) nu dianggap panghéséna. Saéstuna mah henteu
kitu. Ngaregepkeun disebut babari soténan lamun keur ngadéngékeun nu ngobrol,
ngabandungan lalaguan atawa ngabandungan nu nyaritakeun pangalaman nu tas nyaba
jauh jsté. Tapi teu kitu dina séjén waktu mah, upamana dina keur masamoan milu
seminar, diskusi atawa ngabandungan pedaran ilmiah, jsté. Tegesna, kasulitan
ngaregepkeun téh aya panta-pantana, teu kalis ku ngarti basana wungkul sabab
réa deui perkara séjén nu kudu dicumponan jeung kacangking heula minangka
bekelna.
Nilik kanyataanana, bawirasa teu
unggal jalma murba kana éta opat aspék kaparigelan basa téa. Aya nu tapis pisan
dina nyarita, tapi dina lebah nulis (ngarang) teu pati bisa, atawa sabalikna.
Ieu pangabisa téh sakapeung sok dipatalikeun jeung bakat. Cenah nu malahér
nulis (ngarang) téh ukur baroga bakat. Tina ieu hal téh paktor anu gedé
mangaruhanana nyaéta 1) latihan jeung 2) kabiasaan. Tapi teu kurang-kurang nu
palinter nyarita atawa nulis (ngarang) bari teu kungsi kasaksén “diajar” heula.
Najan kitu, saenyana mah tahap latihan jeung ngabiasakeun téh tara dituncalan
ngan lumangsungna prosés latihan teu salawasna dina wangun paripolah anu bisa
kasaksén ku paningal.
Dina kahirupan sapopoé lebah
ngagunakeun basa di saban jalma téh raket patalina jeung pacabakanana atawa
propésina. Wartawan, upamana dina digawé relatif leuwih mindeng ngaregepkeun
jeung nulis batan cara séjénna. Pikeun maranéhna ngabiasakeun ngaregepkeun salawasna
kalawan gemet jeung ngabiasakeun nulis kalawan éféktif teu weléh kudu kapiara dina
tarékah ningkatkeun kabisana. Ari ningkatkeun kualitas maca sawadina lumangsung
di kalangan jalma-jalma nu sapopoéna ngagugulung (pagiling-gisik) jeung buku
(média tulis).
1.2
Rumusan Masalah
Rumusan Masalah Anu digunakeun dina makalah ieu
nyaeta :
1.
Naon Wangenan Ngaregepkeun ?
2.
Naon Wangenan Nyarita ?
3.
Naon Wangenan Maca ?
4.
Naon Wangenan Nulis ?
1.3
Tujuan Makalah
Tujuan didamelna makalah ieu nyaeta :
1.
Supados urang terang kana Wangenan Ngaregepkeun
2.
Supados urang terang kana Wangenan nyarita
3.
Supados urang terang kana Wangenan maca
4.
Supados urang terang kana Wangenan nulis
1.4
Mangpaat Makalah
Mangpaat tina ngadamel makalah ieu nyaeta :
1.
Supados urang nambah wawasan sareung pengetahuan
atanapi ilmu tentang kaparigelan dina basa Sunda
2.
Supados urang tiasa ngajarkeun tentang kaparigelan
basa Sunda
3.
Tiasa berbagi sareung rerencangan tentang kaparigelan
basa Sunda
BAB
II
EUSI
2.1
Ngaregepkeun
2.1.1 Wangenan Ngaregepkeun
Harti ngaregepkeun beda jeung
ngadenge. Ari ngadenge mah sok dianggap ukur proses fisiologis, ti mimiti datangna
sora kana kekendangan. Proses ngadenge mah lumangsung otomatis, lain karana
usaha. Tapi, ari ngaregepkeun mah mangrupa kagiatan anu dihaja. Ngaregepkeun
ngandung harti ngabandungan enya - enya. Sarua hartina jeung menyimak (Bahasa
Indonesia) atawa listening (Bahasa Inggris). Ngaregepkeun oge disebut
kaparigelan reseptif aktif, sabab dina ngaregepkeun, lian ti narima, oge aya
proses aktif nyaeta dina ngaidentifikasi sora, nyangkem, jeung napsirkeun
informasi anu katarima. Ku kituna, bisa dicindekkeun yen ngaregepkeun teh
mangrupa hiji proses mental anu teleb tur daria, ti mimiti misah - misah,
ngaidentifikasi, ngaranjing - ranjing, ngabanding - banding, nafsiran,
nyarungsum, nepi ka ngaintrofeksina.
2.2.2 Mangpaat Ngaregepkeun
Pamaksudan jalma dina ngaregepkeun
rupa - rupa, upamana wae kalawan maksud diajar, pikeun hiburan, pikeun
kasopanan, meunang kauntungan, ngabangbalerkeun rasa bosen, ngabanding -
banding pamanggih, nambahan pangarti, panasaran ku perkara nu lian jeung
saterusna. Upama dipasing - pasing mah, fungsi atawa mangpaat ngaregepkeun teh
bisa digolongkeun jadi opat rupa, nyaeta : 1) meunangkeun informasi nu aya
patalina jeung pancen atawa pagawean; 2) leuwih efektif dina hubungan papada
jalma; 3) ngumpulkeun data sangkan bisa nyieun kaputusan anu sahade -
hadena; 4) bisa ngarespon kalawan merenah kana naon anu kadenge.
2.2.3 Tahap - Tahap Ngaregepkeun
1. Misah - misahkeun
Dina tahap ieu sakur anu dilisankeun ku nu keur
cacarita teh dipulungan hiji - hiji atawa sarupa - sarupa; kecap - kecap,
gagasan, fakta, susunan, atawa naon wae anu kawilang istimewa, dipisah -
pisahkeun.
2. Identifikasi
Sakur anu kawilang istimewa tea sabada diinget-inget
deui, tuluy dihartian atawa diidentifikasi.
3. Ngaranjing - ranjing
Sakur anu katangkep ku pangrungu teh diranjing -
ranjing jeung informasi sejen anu geus nyampak. Ku lantaran kitu, tahapan
pangaweruh (umum) anu geus kapimilik ku urang teh pohara pentingna.
4. Ngabanding - banding
Dina tahap ieu informasi anyar teh dibanding - banding
jeung nu geus kapimilik. Ieu proses lumangsung lamun informasi anyar teh luyu
atawa ngadeudeul pamahaman ti heula. Dina henteuna, tuluy dipilih, informasi
mana anu leuwih keuna atawa leuwih merenah.
5. Napsirkeun
Dina tahap ieu, urang teh mimiti aktif ngaevaluasi
sakur anu katarima jeung ti mana asalna, nolak atawa narima, nimbang - nimbang.
6. Nyarungsum
Dina tahap ieu, urang teh ngalengkepan atawa ngeusian
wincikan poko - poko pedaran ku data atawa gagasan anu sipatna nandeskeun, tina
kakayaan pangaweruh urang sorangan.
7. Introspeksi
Sajeroning mihak - mihak jeung ngabanding - banding
informasi anyar tea, bari nyoba - nyoba dilarapkeun kana kaayaan dirina
sorangan.
2.2.4 Faktor - Faktor Nu Mangaruhan Kualitas
Ngaregepkeun
Paling saeutik aya lima rupa anu mangaruhan kualitas
ngaregepkeun, nyaeta :
1. Tangtungan (sikap,
attitude)
Leuwih saregep ngabandungan jejer pedaran anu cocog
jeung diri urang. Dina teu cocog, teu panuju, sok ngolembar, komo upama eusi
pedaran papalingpang mah.
2. Karep (motivation)
Sajeroning ngaregepkeun teh dibarengan ku sistem
nilai ajen - inajen urang sorangan. Dina rea pulunganeunana, biasana sok beuki
saregep. Sabalikna, upama hate geus teu merean, pedah asa teu aya
pulunganeunana, bakal ngalantarankeun leungitna karep.
3. Pribadi
(personality)
Diri urang sorangan mangaruhan peta ngaregepkeun.
Lamun urang kagolong jalma anu resep silih pairan pamanggih, tenget, boga sifat
resep nganalisis, tetelepek, jeung saterusna, dina prakna ngaregepkeun teh bakal
beda jeung jalma - jalma anu pasipatanana sabalikna.
4. Kaayaan (life
situation)
Nu dimaksud kaayaan di dieu nyaeta kaayaan
sabudeureun riungan. Bakal leuwih beubeunangan di tempat anu tingtrim ti batan
di tempat anu gandeng ku sora -sora nu matak ngaganggu.
5. Pagawean (role in
society)
Pagawean oge mangaruhan kana kualitas ngaregepkeun.
Contona, wartawan, mahasiswa, jeung saterusna, pantes upama merlukeun tingkat
kualitas ngaregepkeun anu leuwih luhur lantaran pangjurung pagawean atawa tugasna.
2.2.5 Panta - Panta Ngaregepkeun
Faktor - faktor anu mangaruhan ngaregepkeun teh loba
pisan. Ku kituna, kualitasna oge tangtu rupa - rupa. Di handap ieu baris
diwincik panta -panta ngaregepkeun, nyaeta : 1) ngan ukur ngadenge sora, kecap
- kecap kalimah wungkul; 2) pegat - pegat, pikiran mindeng kaselang ku nu lian;
3) nu diregepkeun teh dijojoan, sakur anu sakirana bakal dirina; 4)
ngaregepkeun bari pasif, teu pati atawa samasakali teu tembong rasa kahudang;
5) kurang imeut, rea bagian penting anu teu katangkep, saregepna teh ukur lebah
bagian - bagian anu geus wanoh sarta cohag jeung dirina; 6) saregep, bari
ngabanding - banding jeung hal - hal anu aya patalina, tina pangalaman
sorangan; 7) saregep, bari merenahkeun babaran carita, mana anu poko, mana anu
sipatna pertelaan; 8) saregep, bari kritis, panasaran ku bukti - bukti.
2.2.6 Padika Ngaronjatkeun Kualitas
Ngaregepkeun
Aya sababaraha perkara anu mangrupa padika
ngaronjatkeun kualitas ngaregepkeun di antarana : 1) daek mekarkeun karep jeung
pangaresep ngaregepkeun; 2) tingkatkeun kabiasaan ngabandungan kalawan saregep;
3) tumplekkeun perhatian sagemblengna; 4) ulah waka ngaevaluasi; 5)
tengetan kumaha gagasan - gagasanana jeung naon eusina; 6) mangpaatkeun mikir
nu gancang; 7) gunakeun lolongkrang waktu.
2.2.7 Warna - Warna Ngaregepkeun
Ngaregepkeun dibagi dua, nyaeta :
a. Ngaregepkeun
Ekstensif — (hiji proses ngaregepkeun anu teu dirarancang)
b. Ngaregepkeun
Intensif (Hiji proses ngaregepkeun anu geus dirarancang)
Ngaregepkeun ekstensif dibagi deui jadi :
1) Sosial (lumangsung
di sabudeureunana)
2) Sekunder (lumangsung
di kulawarga)
3) Estetik (aya
patalina jeung rasa endah)
4) Pasif (bari acuh;
diacuhkeun)
Ari ngaregepkeun intensif dibagi deui jadi :
1) Kritis (pikeun
nimbulkeun reaksi)
2) Eksploratif (pikeun
ngagali nepi kamana proses kajadian anu diregepkeun teh)
3) Interogatif (pikeun
nanyakeun deui)
4) Selektif (pikeun
milih)
5) Kreatif (pikeun
nimbulkeun kahayang/ kreatif)
6) Konsentratif (pikeun
nimbulkeun kadariaan)
2.2.8 Aspek Ngaregepkeun
Aspek nuu kudu dicangking tina Ngaregepkeun aya
sababaraha hiji nyaeta :
a. Jejer /topik
nu dicaritakeun
b. Ngajawab pananya 5 W
+ 1 H nyaeta naon, saha, iraha, di mana, naha, kumaha.
c. Nyaritakeun
hal nu diregepkeun, kalawan maké padoman 5W+1H
2.2 Nyarita
1. Watesan Nyarita
Kagiatan nyarita téh kagolong
kénéh kana aspék kaparigelan makéna basa, saperti ngaregepkeun. Dumasar kana
tujuanana nyarita téh mangrupa kagiatan pikeun nebarkeun eusi pikiran, gagasan
pamaksudan, rasa, ku cara lisan atawa cara nyarita ka nu lian. Ku cara kitu
dipiharep nu lian (nu diajak nyarita) atawa anu ngabandungan bisa ngarti kana
maksud jeung tujuan anu dilisankeun.
2. Kamampuh Nyarita
Ku kituna, dina widang pangajaran
pangajaran nyarita biasana guru sok mere papancén ka salah saurang murid pikeun
nyarita, atawa nyaritakeun hiji perkara. Pikeun mere pangajén kana kamampuh
atawa kaparigelan nyarita, nu kudu meunang panitén saeutikna ngawengku opat
unsur nyaéta: (1) lafal atawa ucapan (kaasup vokal, konsonan jeung intonasi),
(2) tatabasa, (3) kabeungharan kecap, jeung (4) Paséhat/lancarna cumarita. Dina
budaya Sunda paripolah anu aya patalina jeung nyarita téh nyaéta di antarana waé
sakumaha anu karékam dina kahirupan sapopoé, boh salaku babasan/paribasa boh
salaku kacapangan, saperti nu kaunggel ieu di handap.
Dina basa Sunda kawilang réa
istilah atawa prédikat anu nuduhkeun patalina paripolah nyarita, totondén yén
dina hirup kumbuh urang Sunda peta nyarita kungsi jadi ukuran atawa indikator
anu kagolong penting pikeun nangtukeun pribadi hiji jalma. Pangpangna upama dipatalikeun
jeung tradisi tata campur gaul basa urang dina mangsa béh ditu.
3. Biantara
a. Watesan Biantara
Biantara atawa pidato nyaéta
nyarita di hareupeun balaréa. Dina biantara anu nyarita mangrupa tokoh anu jadi
puseur paninggal balaréa. Teu béda jeung artis anu keur manggung, sakur ucap
jeung paripolah nu nyarita teu leupas tina panitén pamiarsa (balaréa). Maksud jeung
tujuan biantara nyaéta lain ngan saukur jadi tontonan tapi ngandung tujuan
pikeun nepikeun gagasan atawa eusi pikiran anu kudu kaharti.
Aya bédana antara nyarita dina
paguneman jeung nyarita dina biantara. Dina biantara mah henteu
pacéntal-céntal. Nu biantara mah jongjon nyarita nepikeun gagasan atawa eusi pikiran,
paregep jongjon ngaregepkeun nepi ka réngséna. Ku kituna, nyarita dina biantara
mah mérédih pasaratan anu béda jeung paguneman, lain baé kudu mibanda kamampuh makéna
basa tapi ogé rupa-rupa kamampuh saluareun basa, kayaning: wanter, tenang,
katut gerak- gerik ni matak narik ati.
b. Sarat jeung Gunana Biantara
Hal anu kudu
ditengetkeun dina biantara, nyaéta:
(1) kudu tenget kana pamapag pamiarsa kana pedaran
urang;
(2) udagan utama nyaéta sangkan pamiarsa ngarti kana
maksud pedaran;
(3) kudu aya karep ngaluyukeun sarta fléksibel dina
midangkeun pedaran:
(4) kudu ngaheulakeun interest (perhatian; pangresep)
pamiarsa.
Kamampuh biantara (orasi) geus
tangtu loba gunana jeung gedé pangaruhna dina kahirupan sapopoé. Ku kamampuh
biantara, orator baris bisa mangaruhan balaréa. Loba conto dina kahirupan,
kumaha seukeutna pangaruh biantara lain baé bisa mangaruhan sikep jeung pamadegan
hirup, tapi ogé tujuan. Ku kamampuh biantara bisa ngagedurkeun sumanget, bisa nungtun
balaréa pikeun ngalaksanakeun tujuan anu geus ditangtukeun jsté. Pikeun guru
mah kamampuh biantara téh kawilang penting, pangpangna pikeun ngajéntrékeun
eusi pikiran, jeung pikeun medar pangajaran.
Dina nyarita biantara mah teu bisa
ujug-ujug pok kitu baé tapi ti saméméhna kudu dirarancang jeung disiapkeun
heula bahan picaritaeunana jeung pasaratan séjénna. Teu béda jeung tatan-tatan
dina waktu nyusun bahan tinulis, bédana téh ari dina biantara mah, nyaéta:eusi
pikiran ditepikeun kalawan langsung; dilisankeun tur adu hareupan; jeung
pamiarsa daék teu daék kudu nuturkeun (ngabandungan) pedaran kalawan
sistematika sakumaha anu ditepikeun ku nu biantara.
2.3. Maca
Maca teh mangrupa salah sahiji
seler tina opat kaparigelan ngagunakeun basa. Lamun urang nitenan nu keur maca
tinangtu baris kanyahoan yen maca teh teu merlukeun aktivitas fisik, padahal
sabenerna pikiran nu maca teh digawe kalawan daria. Upama teu kitu tinangtu nu
maca teh moal meunang hasil nanaon tina wacana nu dibacana. Jadi, maca teh teu
bisa disebut pagawean pasif tapi kaasup kagiatan aktif reseptif. Disebut kitu
soteh pedah maca teh mangrupa usaha pikeun ngahartikeun, ‘memahami’ hasil
pikiran nu nulisna.
Dina kahirupan sapopoe, maca teh
ngabogaan mangpaat nu cukup penting. Salaku manusa urang ngabogaan sifat hayang
nyaho sagala kajadian, perkara, kaayaan, jeung kamajuan-kamajuan nu lumangsung
di sabudeureun lingkungan hirupna. Di sagigireun eta manusa oge diwatesanan ku
waktu, kamampuan, jeung kasempetan, kulantaran kitu asana teh mustahil pikeun
nangenan sakabeh kajadian nu lumangsung,. Lebah dieu pisan mangfaat maca teh.
Ti mimiti taun genep puluhan
pemarentah ngusahakeun sangkan masarakat Indonesia bisa maca jeung nulis.
Maksud nu leuwih jerona mah nyaeta sangkan rahayat palinter. Patani jadi patani
nu ngagunakeun elmu tatanen anu bener, jadi padagang anu ngagunakeun elmu
dagang anu bener, jeung sajabana; ceuk cohagna ngaliwatan maca kabeh rahayat
ditarekahan jadi masarakat anu ilmiah. Tapi jigana mah eta cita-cita teh masih
keneh hese diwujudkeunana lantaran loba pisan barebedanana. Boh, ti pihak
masarakat sorangan boh ti pihak pamarentahna.
Numutkeun Ahmad Slamet, lamun
dipasing-pasing tina jihad maca, masarakat urang masarakat urang teh ngawengku
tilu golongan, nyaeta: (1) masarakat anu teu bisa maca sama sekali, (2)
masarakat anu bisa maca tapi tara pisan maca, (3) masarakat anu bisa maca bari
resep maca.
Golongan anu kahiji mah jigana
ayeuna geus rada langka tapi golongan nu kadua mah jigana jacida euyeub. Hal
ieu teh bisa kanyahoan tina perbandingan lobana jumlah kalawarta, majalah,
jeung media cetak sejena anu kacida ganjorna ti batan jumlah jelema nu aya di
Indonesia. Upama ditetenan kalawan tenget mah musabab nu pangutamana mah nyaeta
kurangna minat (kahayang atawa karsep) pikeun maca.
Tumuwuhna rasa resep jeung butuh
ku maca teu bisa datang kitu bae tapi perelu di ipuk ti leuleutik. Lebah dieu
pisan peran guru teh kacida pentingna. Jadi nu pangheulana kudu dipikiran ku
guru teh lain wungkkul bahan bacaan atawa cara maca tapi kumaha nu muwuhkeun
rasa resep maca ku cara mere kasenangan dina maca. Maksudna, dina pangajaran
maca guru nyiptakeun kondisi anu hade sangkan siswa (murid) ngarasa yen maca
teh matak resep, pogot, tur ahirna jadi pangabutuh.
Maca teh mangrupa kagiatan
(proses) anu tujuanna pikeun nengetan maksud nu nulis, boh maksud anu
sajalantrahna, ‘tersurat’ atawa maksud anu aya di satukangeun
kalimah-kalimahna, ‘tersirat”. Kagiatan macana bisa make sora bisa oge ukur
dina jero hate.
Numutkeun Ahmad Slamet, aya genep
kagiatan maca anu perelu diajarkeun di sakola dasar nnnyaeta:
(1) maca teknik,
(2) maca dina jero hate
(3) maca basa, membaca bahasa
(4) maca buku pustaka
(5) maca gancang, jeung
(6) maca estetis
Tina genep kagiatan di luhur
sabenerna kagiatan maca teh bisa dipasingkeun kana dua kagiatan anu utama
nyaeta maca make sora jeung maca di jero hate. Anu kaasup maca make sora mah
ngan maca teknik anu liana mah kaasup kana maca di jero hate.
Pangajaran maca di sakola dasar di
bagi dua bagian nyaeta maca munggaran, ‘membaca permulaan, jeung maca maher,
‘membaca lanjutan’. Maca munggaran diajarkeun di kelas hiji jeung di kelas dua,
pangajaran maca dina tahap ieu nyoko kana maca teknik. Maca teknik oge tetep
diajarkeun di kelas tilu nepi ka kelas genep, marengan pangajaran nu lianna.
Numutkeun pedaran di luhur, maca
teknik tteh mangrupa pangajaran awal (munggaran) dina maca. Kulantaran eta ku
urang kaharti lamun kabiasaan tina maca teknik di babawa kana kaparigelan maca
anu saterusna, upama kabiasaan-kabiasaan dina kaparigelan maca anu beda teh
silih pangaruhan tangtu wae bakal jadi panghalang (pikeun nu maca) pikeun
nangkep maksud anu nyampak dina bacaan.
Ahmad Slamet manggihan sababaraha
kabiasaan-kabiasaan anu kurang hade anu gede pisan pangaruhna kana kaparigelan
maca, diantarana bae
1) maca make sora
2) maca di harewoskeun (haharewosan)
3) maca bari kunyam-kunyam
4) sirah nu maca milu maju nuturkeun jajaran-jajaran
anu dibaca
5) maca bari nunjukkan kecap-kecap anu dibaca
Kabiasaan-kabiasaan goreng anu
disebut di luhur teh mangrupa kabiasaan anu bakal ngaganggu kana gancangna
maca, hese neuleuman maksud bacaan, jeung akibat-akibat sejenna deui. Supaya
kabiasaan-kabiasaan saperti kitu (sabenerna masih loba keneh kabiasaan goreng
anu bisa disebutkeun) hentue ngabaju dina diri para murid urang, akalna mah
taya deui iwal ti urang salaku guru kudu toweksa ngariksa murid dina waktu
lumangsungna kagiatan maca di kelas.
1) Maca Teknik
Sakumaha di pedar di luhur maca teknik teh nyaeta
kagiatan maca vokal. Ringkesnamah nyaeta ngalisankeun bacaan. Dina kagiatan
maca saperti kieu diperlukeun tilu komponen nyaeta nu macakeun, nu
ngabandungan, jeung bahan bacaan. Numutkeun Tarigan (1986: 23)
dina maca teknik diperlukeun dua kaparigelan nyaeta,
1) melek kana aksara jeung tanda-tanda baca
2) ngalisankeun bacaan
kaparigelan anu kudu dilatih hususna di kelas hiji
jeung kelas dua nyaeta lafal atawa cara ngucapkeun hiji sora, ngucapkeun
kalimah boh wawaran, pananya, atawa pangajak. Di sagedengeun eta perelu oge
dilatih gancang jeung ancana maca, volume sora oge kalantaran macana.
2) Maca dina
Jero Hate
Dina kanyataan hirup sapopoe mah
maca dina jero hate kacida pisan pentingna. Ampir kabeh kagiatan maca anu
lumangsung dina kahirupan ngagunakeun maca di jero hate, iwal ti budak anu
masih keneh can lancer macana anu unggal maca teh kudu wae digorolangkeun. Ku
sabab kitu aya nu nganggap yen maca jero hate, maca pikeun jalma anu geus
dewasa. Pamanggih kitu teh tangtu teu sapinuhna bener taqpi umumna mah benerna
eta pamanggih teh bisa katangenan (kabandungan) dina hirup kumbuh sapopoe.
Waktu maca jero hate nu maca
ngagunakeun panon jeung ingetan anu daria. Pikeun barudak sakola dasar mah
kagiatan model kieu kaasup kagiatan anu teu pati babari dilaksanakeun 9husuna
di kelas tilu jeung kelas opat) sabab biasana barudak dina umur sakitu mah apan
keur meujeuhna ngopepang.
Dina pangajaran maca di sakola
dasar, hal-hal penting anu kacida pisan kudu diperhatikeun ku guru nyaeta
1) biasakeun maca teu make sora, haharewosan, atawa
kunyam-kunyem
2) biasakeun museurkeun ingetan kana bacaan
3) biasakeun nyaritakeun atawa nuliskeun deui eusi
bacaan nurutkeun wanda nu maca.
Pikeun nmganyahoankeun (gontrol)naha budak teh keur
maca bari museurkeun ingetan atwa ngalamun guru hadena mere sababaraha soal
pertanyaan bacaan.
3) Maca Basa
Maca basa teh sabenerna kaasup oge kana maca dina
jero hate, hartina dina maca basa teh teu kudu make sora. Pangajaran maca basa
teh geus mimiti diajarkeun di kelas tilu. Tujuan utamana nyaeta pikeun
ningkatkeun pangaweruh basa anu engkena bisa digunakeun pikeun ningkatkeun
kaparigelan ngagunakeun basa, boh tinulis atawa lisan.
Upama diwincik mah tujuan maca basa teh saperti
kaunggel di handap ieu:
(1) nambahan pangaweruh kabeungharan kecap
(2) nambahan pangaeruh dina cara ngantetkeun kecap
(morfologi)
(3) nambahan pangaweruh dina tata cara ngawangun
kalimah (sintaksis)
(4) nambahan pangaweruh ngeunaan cara nulis. Upamana
wae cara nulis (nempatkeun) huruf gede, ngalarapkeun tanda baca, kata majemuk
(?) jeung sajabana
4) Maca Pustaka
Maca pustaka ngandung harti maca
bahan-bahan bacaan anu aya di perpustakaan. Jadi bahan anu di bacana teh lain
bahan anu aya dina buku teks wajib, gunana nyaeta bisa dipake nyuluran kagiatan
di kelas anu kaganggu ku acara-acara anu teu bisa di tinggalkeun contona rapat
guru, upacara, jeung sababna.
Maca pustaka ngabogaan mangfaat
anu jembar, pangpangna mah pikeun ngalegaan wawasan (heunteu cupet, kurung
batok) oge pikeun numuwuhkeun rasa estetis ku jalan maca bacaan-bacaan sastra.
Jadi, maca pustaka teh bisa oge di adumaniskeun jeung maca estetis tapi tangtu
wae kudu milih tempat anu merenah, ulah nepi ka ngaganggu batur anu keur maca.
2.4. Nulis
1. Watesan Nulis
Nulis atawa ngarang mangrupa
kamampuh ngagunakeun basa dina wangun tinulis, pikeun nepikeun gagasan, eusi pikiran,
kahayang, kereteg haté, atawa informasi. Nepikeun gagasan atawa informasi dina
wangun tinulis kudu dipigawé kalawan daria tur ati-ati, sarta dipigawé dina
waktu anu rinéh sangkan bisa mikir pikeun nyusun jadi kalimah. Tina kalimah jadi
paragrap, paragrap jadi wacana jeung saterusna, nepi ka ngajanggélék jadi
wangun karangan anu mibanda ajén jeung tujuan.
Gagasan atawa informasi anu
dipidangkeun dina wangun tinulis bakal leuwih gembleng batan dina wangun lisan.
Nepikeun gagasan dina wangun lisan mah sok rajeun loba nu kaliwat, sajaba ti
susunan kalimah sok teu puguh éntép seureuhna. Ari dina wangun tinulis mah,
gagasan bakal gembleng tur sistematis sabab waktuna rinéh tur dirakit kalawan
ati-ati, struktur kalimahna ogé bakal leuwih hadé. Lian ti kitu, nepikeun dina
gagasan dina wangun tinulis mah bakal mibanda ajen dokuméntér lantaran bisa
diulik sababaraha balikan. Nepikeun gagasan atawa informasi dina wangun tinulis
sawadina kudu dipigawé kalawan ati-ati tur daria, taya lian sangkan mibanda
ajén anu hadé. Ku kituna, tujuan anu rék ditepikeun baris kahontal. Sangkan
karangan atawa tulisan mibanda ajén, salian kudu nyumponan sababaraha pasaratan
téh ogé kudu tuhu kana palanggeran makéna basa (EYD).
2. Sarat Karangan nu Alus
Karangan anu dianggap nyumponan
sarat, sakurang-kurangna mibanda lima unsur nyaéta (1) eusi, (2) wangun, (3)
tata basa, (4) gaya, jeung (5) mekanik (éjahan jeung tanda baca). Eusi karangan
nyaéta ngeunaan hal atawa perkara anu dijadikeun jejer karangan. Naha eusi
karangan téh medar perkara kalawan gemet tur jéntré, atawa ngan ukur saulas?
Wangun karangan nyaéta ngeunaan susunan atawa cara midangkeun karangan. Tata
basa nyaéta aturan nu patali jeung ngawangun kecap katut pola-pola kalimah.
Gaya (style) nyaéta ngeunaan cara méré warna dina midangkeun gagasan. Ejahan
jeung tanda baca mangrupa palanggeran atawa aturan dina ngagunakeun
lambang-lambang tinulis.
Tina katerangan di luhur tétéla
yén nulis atawa ngarang téh mangrupa gabungan tina sajumlahing kamampuh anu
béda-béda, boh kamampuh dina widang basa boh kamampuh dina widang non basa.
Kamampuh basa nyaéta kamampuh ngeunaan kaparigelan makéna basa. Kamampuh makéna
basa nyaéta kamampuh nu aya disaluareun widang basa kayaning; pangaweruh
matéri, kakeyeng midangkeun tulisan, kawani nembrakkeun pamadegan jsté.
Nulis atawa ngarakit karangan teu
cumpon ukur ku ngandelkeun bakat atawa karep wungkul, tapi perlu mibanda
pangaweruh, boh pangaweruh ngeunaan padika nulis boh ngeunaan bahan atawa
matéri karangan. Anu disebut mibanda pangaweruh nulis nyaéta upama geus
nyangking pangaweruh ngeunaan wangun gramatik kayaning foném, morfém, kecap,
frasa, klausa, kalimah jeung alinéa atawa paragraf. Kitu deui pangaweruh
ngeunaan cara nuliskeun huruf, kecap jeung unsur serepan sarta tanda baca
sakumaha palanggeran anu geus ditangtukeun.
Gorys Keraf (1984) nétélakeun yén
karangan téh hakékatna mangrupa gambaran tina eusi pikiran atawa rasa, anu
diwujudkeun dina wangun tinulis. Sangkan mampuh nétélakeun eusi pikiran atawa
rasa kalawan gembleng, leuwih ti heula kudu nyangkem aspék-aspék basa kayaning:
1) Nyangkem sajumlahing kabeungharan kecap;
2) Nyangkem kaédah-kaédah sintaksis;
3) Mibanda kamampuh gaya nu merenah; jeung
4) Mibanda bahan karangan.
a. Kabeungharan Kecap
Nyangkem sajumlahing kabeungharan
kecap (kosa kata) mangrupa pasaratan penting pikeun ngébréhkeun eusi pikiran
atawa rasa dina wangun tinulis. Leuwih loba nyangkem kabeungharan kecap bakal
leuwih lancar jeung loba deui atawa gagasan anu bisa dipedar. Numutkeun sipatna
kecap bisa dibédakeun jadi dua rupa; (1) konotatif nyaéta kecap anu ngandung
harti rangkepan, jeung (2) dénotatif nyaéta kecap anu ngandung harti satarabasna.
Dumasar kana ayana sifat kecap
sakumaha anu ditétélakeun di luhur, nu nulis kudu parigel milih kecap anu
merenah pikeun ngébréhkeun eusi pikiran sangkan gagasan bisa kaharti kalawan
luyu jeung pamaksudan. Hartina, kecap anu dipaké teu matak ngandung harti séjén
(ambigu) anu ahirna bisa ngabalukarkeun salah tafsir.
b. Kalimah Eféktif
Midangkeun eusi pikiran atawa
gagasan kalawan gembleng sarta bisa kaharti kalawan luyu jeung anu dimaksud,
teu cukup ku nyangkem sajumlahing kabeungharan kecap wungkul, tapi ogé kudu
mampuh midangkeun gagasan dina wangun kalimah anu éféktif. Kalimah éféktif
nyaéta kalimah anu bisa ngébréhkeun eusi pikiran kalawan merenah. Kalimah
éféktif salian ti ngandung kakuatan anu bisa némbongkeun eusi pikiran pangarang
téh, ogé gampang kahartina. Hiji kalimah bisa disebut éféktif upama nyumponan
sarat saperti ieu di handap, di antarana: (1) bisa ngawakilan eusi pikiran
kalawan merenah, (2) sanggup méré gambaran anu sarua jeung eusi pikiran
pangarang. (3) Kalimah éféktif mibanda sawatara pasaratan, nyaéta: gembleng:
kalimah anu bisa némbongkeun beungkeutan gagasan sarta ngandung hiji ide poko.
(3) kohérénsi: kalimah anu ngawangun alinéa némbongkeun runtuyan anu sinambung.
c. Alinéa
Alinéa atawa paragrap nyaéta beungkeutan pikiran nu
mangrupa kumpulan atawa gabungan tina kalimah-kalimah pikeun pangawangun hiji
gagasan. Dina alinéa hiji gagasan katémbong leuwih ébréh.
Teu béda ti nyusun kalimah, nyusun alinéa anu éféktif
mérédih pasaratan, nyaéta:
• gembleng; kalimah-kalimah anu ngawangun alinéa kudu
némbongkeun beungkeutan perkara atawa tema.
• koherensi; kalimah-kalimah ngaruntuy kalawan
sinambung gampang kaharti, némbongkeun jalan pikiran anu wajar tur ngarojong
kana téma.
• kalimah-kalimah anu ngawangun alinéa némbongkeun
wincikan gagasan tur ngaruntuy kalawan sinambung.
• Pamekaran alinéa katémbong tina runtuyan kalimah
anu medar téma.
d. Gaya
Gaya basa atawa style nyaéta mangrupa kaparigelan
dina makéna basa pikeun mere warna kana ieu karangan. Gaya basa mangrupa cara
némbongkeun eusi pikiran ku kaparigelan makéna basa. Gaya basa mangrupa bagian
tina diksi (pilihan kecap), loyog henteuna hiji kalimah atawa kecap pikeun
némbongkeun gagasan. Kaparigelan némbongkeun eusi pikiran, mangaruhan kana gaya
basa pangarang. Ku kituna, gaya basa raket patalina jeung aspék kabasaan
kayaning diksi, frasa, klausa, jeung kalimah.
e. Éjahan jeung Tanda Baca
Éjahan nyaéta palanggeran ngeunaan cara makéna aksara
gedé atawa leutik, ipis atawa kandel, déngdék jeung ajeg, jsté. Sakumaha anu
ditangtukeun dina palanggeran éjahan basa Sunda.
BAB
III
PANUTUP
3.1
Simpulan
Ngaregepkeun ngandung harti
ngabandungan enya - enya. Ngaregepkeun oge disebut kaparigelan reseptif aktif,
sabab dina ngaregepkeun, lian ti narima, oge aya proses aktif nyaeta dina
ngaidentifikasi sora, nyangkem, jeung napsirkeun informasi anu katarima. Ku
kituna, bisa dicindekkeun yen ngaregepkeun teh mangrupa hiji proses mental anu
teleb tur daria, ti mimiti misah - misah, ngaidentifikasi, ngaranjing -
ranjing, ngabanding - banding, nafsiran, nyarungsum, nepi ka
ngaintrofeksina.
Maca teh mangrupa salah sahiji
seler tina opat kaparigelan ngagunakeun basa. Lamun urang nitenan nu keur maca
tinangtu baris kanyahoan yen maca teh teu merlukeun aktivitas fisik, padahal
sabenerna pikiran nu maca teh digawe kalawan daria. Upama teu kitu tinangtu nu
maca teh moal meunang hasil nanaon tina wacana nu dibacana. Jadi, maca teh teu
bisa disebut pagawean pasif tapi kaasup kagiatan aktif reseptif. Disebut kitu
soteh pedah maca teh mangrupa usaha pikeun ngahartikeun, ‘memahami’ hasil
pikiran nu nulisna
3.2
Saran
1.
Mahasiswa supados sing lewih getol diajarna,
terutami kana basa Sunda anu mangrupakeun kebudayaan has Jawa Barat
2.
Mahasiswa anu bade janten guru supados
ngamumulekeun kana elmu warisan ti karuhun urang sadayana terutama basa Sunda
supados dimasa depan basa Sunda tiasa ditangan generasi muda anu kreatif
sareung tiasa ngabanggakeun ka daerah asalna nyaeta Jawa Barat dikancah dunia
ku basa Sunda.
DAFTAR
PUSTAKA
Nurjanah, Nunuy. Mekarkeun
Pangajaran Kaparigelan Ngagunakeun Basa. Pangandaran : 2009
Haérudin, Dingding. 2007.
Gentra Basa Sunda. Bandung: CV. Atikan Mandiri.
Sudaryat, Y. 2009. Pamekar
Kaparigelan Basa Sunda. Bandung: Pustaka Luang
No comments:
Post a Comment