Tuesday, May 9, 2017

Kerja Kelompok

Kerja KelompokSidik           : “Ca, jadi teu urang kerja kelompok?”
Cica            : “Jadi atuh, dik.”
Sidik           : ”Jadina di imah saha?”
Cica            : “Di bumi abdi.”
Sidik           : “Saha wae nu bade ngiringan ?”
Cica            : “Ihsan, Egi, Sela jeung Dewi.”
Sidik           : “Tabuh sabaraha karempeulna di bumi anjeun ?”
Cica            : “Tabuh satengah opat, nya!”
Sidik           : “Nu sanesna tos dipasihan terang, teu acan ?”
Cica            : “Ari Sela jeung Dewi mah atos dipasihan terang ku abdi, upami
                     Ihsan sareung Egi mah teu acan.”
Sidik           : “Wios, kin ku abdi diwartosannana ka Ihsan sareung ka Egi mah.”
Cica            : “Kade tong hilap nyandak buku sareung Koran.”
Sidik           : “Kanggo naon nyandak Koran sagala?”
Cica            : “Pan kanggo ngadamel kliping, tugas ti bu guru teh dipiwarang
    ngadamel kliping sanes?”
Sidik           : “Oh enya, abdi hilap. Kin abdi nyandak Koran. Tapi Koran naon ?”
Cica            : “Koran naon weh, tapi nu aya olahragana. Soalna klipingna ngeunaan
                       Olahraga, khususna ngeunaan Sea Games nu kamari.”
Sidik           : “Muhun, kin abdi bade milarian di bumi.”
Cica            : “Nu sanesna oge dipasihan teurang, nya!”
Sidik           : “Muhun, kin Ihsan sareung Egi ku abdi dipiwarang nyandak Koran
  oge.”
Cica            : “Hayu urang aruih, tos siang!”

Sidik           : “Hayu atuh, abdi ge tos teu kiat hoyong tuang.”

No comments:

Post a Comment

Mekanisme Kontraksi Otot

  Pada tingkat molekular kontraksi otot adalah serangkaian peristiwa fisiokimia antara filamen aktin dan myosin.Kontraksi otot terjadi per...

Blog Archive