Jaman baheula,
aya sireum keur ngarak rajana, ngaliwat
kana alur gajah. Keur ramé ngarak, jol datang gajah. Sireum baé ditincakan,
bongan cenah maké ngaliud di jajalaneun. Atuh lain ratus deui sireum nu paéh
téh, tapi aya rébuna.
Barang nénjo
baladna réa nu paéh, raja sireum kacida ambeukna, tuluy baé susumbar, “Sakadang
Gajah, sato nu telenges, nu teu boga rasrasan ka papada mahluk, rasakeun
pamales kami. Ulah sambat kaniaya, engké dina poé Jumaah Kaliwon, urang perang
tanding jeung kami. Ditépoan ti ayeuna salapan poé deui!”.
Walon gajah
bari seuri, “Rék ngajak perang tanding, Sakadang Sireum téh? Lamun enyaan, heug
ku kaula didagoan, sapaménta andika. Di mana hayang perang téh?”.
“Tuh di ditu,
di handapeun war nu itu, nu condong kana alur sampéan!”.
Gancangna,
gajah nuluykeun deui lalampahanana. Ari raja sireum teu talangké deui, tuluy
baé ngumpulkeun sakabéh baladna. Teu sabaraha lilana geus nakleuk ka tegalan.
Cék raja
sireum, “Hé, balad sireum kabéh! Dina poé Jumaah Kaliwon, kula baris perang
tanding jeung gajah, tuh dina waru nu condong itu! Ku sabab éta, banget paménta
kula ka arandika, ulah caricingeun, kudu digarawé. Saréréa kudu nyieun piruang
sing jero. Nya palebah waru itu kudu nyieun piruang téh. Prak geura parigawé ti
ayeuna! Di korowot ti jero baé, taneuhna tinggalkeun, tuh kira-kira sakandel
papan beunang Sakadang Manusa ka luhurna mah”.
Balad sireum
saur manuk. Kabéh jangji rék soson-soson digarawé, sarta nyanggupan anggeus
saméméh salapan poé.
Saomong balad
sireum teu nyalahan. Teu kungsi salapan poé, piruang geus anggeus. Ti luhurna
teu katénjo, teu jiga piruang meueus-meueus acan, kawantu buatan nu ahli nerus
bumi.
Barang nepi
kana waktuna poé Jumaha Kaliwon téa, subuh-subuh kénéh raja sireum geus
ngabedega sisi piruang beulah kulon, nyanghareup ngétan, bari ngawaskn kana
pidatangeun musuh.
Saksi geus
karumpul nyaéta peucang, oa, jeung monyét.
Wanci haneut
moyan, jebul gajah ti wétan, maju ngulon, nyampeurkeun ka raja sireum.
Jauh kénéh ogé
raja sireum geus celuk-celuk nangtang gajah. Pokna, “Geuwat, Sakadang Gajah,
itu sihung kamu nu benang ngasah tujuh poé tujuh peuting geus sadia pikeun
maéhan sampéan. Jeung lamun enya sampéan prajurit sakti, geura rontok kaula.
Tapi méméh ngarontok kudu nyambat heula indung-bapa, bisi panasaran!”.
Barang gajah
ngadéngé panangtang raja sireum, maké mamawa kolot sagala, jol suruwuk baé
narajang. Tapi cilaka, da teu kungsi neupi kaburu tigebrus mantén kana piruang,
sukuna tipetek.
Sanajan haben
adug-adugan, méak-méakkeung tanaga, sangkan kaluar tina éta piruang, tapi wéléh
teu bisa. Tungtungna tanagana béak, ngajoprak teu walakaya.
Cék raja
sireum ka balad-baladna “Pék haranca ayeuna mah éta sato telenges téh!”.
Balad sireum
nu lobana mangjuta-juta bareng narajang napuk kana saluar awak gajah. Aya anu
asup kana ceulina, irungna katut sakur liang anu aya dina awak gajah.
Gajah ripuh
dicarocoan ku sireum, tungtungna tuluy ménta ampun, taluk narima éléh. Manéhna
ménta dihanjatkeun tina piruang. Raja Sireum daékeun narima.
Nya ti semet
harita gajah teu wanieun ka sireum téh. Mun aya gajah kumawani ka sireum tangtu
moal jamuga.
(Dicutat
tina Gandasari V)
No comments:
Post a Comment