Si Kabayan jalma miskin taya kaboga. Di sakampung éta mah pangmalaratna
baé meureun. Imahna teu béda ti saung butut. Ari pagawéanana, kitu wé buburuh
ngoréd.
Béda deui jeung tatangga Si Kabayan, bandar munding anu kacida
beungharna. Sawahna lega, kebonna puluhan héktar, imahna gé nya gedé nya
agréng.
Sakali mangsa tatangga Si Kabayan téh hajat gedé, ngawinkeun anakna.
Ondangana kacida lobana, boh ti nu jauh boh ti nu deukeut. Carék wiwilanganana
salembur éta mah diondang kabéh, iwal Si Kabayan.
Si Kabayan jeung pamajikanana teu kira-kira waé nalangsaeunana. Tuluy waé
Si Kabayan téh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat, pék
ngadeupaan lincar.
“Sadeupa, dua deupa, tilu deupa, …,” cenah.
Sémah kacida kagéteunana, nénjo kalakuan Si Kabayan kitu téh. Saréréa
ngariung nénjokeun Si Kabayan ngadeupaan imah nu boga hajat.
Pribumi ogé norojol; barang ngadéngé rebut-ribut di luar téh, gancang
kaluar. Ari rét ka Si Kabayan, manéhna ngajenghok, tuluy nanya ka Si Kabayan.
“Ku naon Kabayan, manéh téh ngadeupaan lincar? Bet éta jeung teu dibaju
kitu, kawas budak waé.”
Témbal Si Kabayan, “Wah, mun kolot gé diondang.”
Nu boga hajat pohara éraeunana, rumasa ngabéda-béda jelema. Gancang waé
nyarita.
“Kapan ti kamari gé diondang. Manéhna mah sok pohoan. Gancang balik,
dibaju heula, engké ka dieu, sakalian bawa pamajikan,” kitu ceuk nu boga hajat
téh.
Si Kabayan kacida atoheunana.
No comments:
Post a Comment