Monday, February 27, 2017

Caritakeun deui nini Berangantrang, Aki Berangantrang.



“Nini, hade temen impiyan aing, ngimpi kagugun turan manik kacaahan mirah” “Aki, sugan saapan urang meunang kirim pianak-anakeun.”
Isuk-isuk los diteyang, ngagebur kandaga kancana nyorang ka saapan. Tuluy di bawa ku ninina. Ari dibuka, behna murangkalih, endog disileung leumkeun, keris. Tuluy diteundeunkeun murangkalih. Tuluy dirorok, dipangninggurkeun. Lawas-lawas datang ka tegus cangcut. Mangka dibawa moyan ku na kai ayah.
Bwat ciung. “Ayah, nahaeun eta?” “Ngaranna ciung, anaking.” Bot indungna, bwat bapana, bwat anakna. Pur hiber bapana. “Ayah, ka mana eta arahna?” “Piaraheunnana ka daleum dayeuh.”
”Ah, ngaran aing Ciung Manarah.”
Endog tuluy disileungleum keun. Tuluy megar, dingaranan Singarat Taranjang.
Mangka rame di daleum dayeuh nu keur sawungan. “Ayah, aing mah hayang ngadukeun hayam aing.” “Mulah, anaking, bisi eleh marang.” Mengkena murangkalih hayam tuluy dikelek, duhung tuluy disungkelang. Tuluy angkat, ditutur keun ku na ka ayah.
Datang ka Pagelaran, heran ningal urang pagelaran. Katingali ku Patih Hariyang Banga, kahatur ka Sang Ratu. Tuluy di saur ku jogan. Saur Sang Ratu, “Ari eta seuweu saha?” “Kaula, nuhun anak kaula.” “Dipudut ku ngaing, Aki Berangantrang diperedikakeun sabawa kita”. Tuluy mulang Aki Berangantrang bari nangis, melang ka kai seuweu.
Rek mireungeuh ka Sang Ratu, mireungeuh deui ka Patih Hariyang Banga, tuluy mireungeuh ka sarirana ku anjeun. Lila-lila eling carita, hatur ka Sang Ratu, “Kaula anak andika.” Ngareungeuheun bangkeureuheun miresep hatur sakitu. Lila-lila tuluy eling, Sang Ratu dipundut sungkelangna duhung. Ari dibireungeuh sungkelangna duhung, beh pun Naga Lumenggung. Saur Sang Ratu, “Enmya hidep anaking.” Kahatur ka nyai ibuna. Tuluy dirawu dipangku iceungceurikan.
Saur Ciung Manarah, “Rama Ibu, kaula neda waris.” Saur Sang Ratu, “Enggeus beyakeun ku na kai lanceuk, ku Patih Hariyang Banga.” “Aya soteh kari panday domas kurang hiji, eta waris aing ka hidep.” Tuluy disuhunkeun waris.
Sang Ratu tuluy dicalikkeun, dijajarkeun, deung na kai lanceuk, deung Patih hariyang Banga dituluykeunna, jengan Patih Ciung Manarah marentahkeun Nusa Tilu Puluh Tilu. Alamna Ratu Galuh pitung ewu tahun.
Mangka Patih Ciung Manarah karasa nurunkeun panday domas kurang hiji rek nyieun beusi. Kabireungeuh ku Sang ratu, panujueun. Tuluy dihaturkeun nyieun deui bale beusi. Kabireungeuh, panujuen dihaturkeun. Arina nyieun deui konjara wesi. Arina dibireungeuh ku Sang ratu, panujueun, dihaturkeun. Saur Patih Ciung Manarah, “Henteu nyaho ta jerona, Rama” Tuluy dilebetkeun ku Sang ratu. “Hade,” saur Sang Ratu. Jeprak di kancing ku Patih Ciung Manarah, dijingjing ka paseban, diundangkeun ka sadadayeuh. Teu dibere cai, teu dibere sangu, dikemitan ku para seuweu. Lawas-lawas saurna Patih Ciung Manarah, “Sang Ratu lintuh lintuh keneh.” Horenganan dibalangan keupeul ku Patih Hariyang Banga. Mangka bendu Patih Ciung Manara, mesat hateup sirap, dibalang kang raka. Tuluy bendu ka sang raka. Mangka konjara wesi rek diirik. Ku Patih Ciung Manarah direbut. Ku Ratu pagedongan tuluy disusupkeun ka Gunung Kelong.
Tuluy perang, mangka disedekkeun ngetan kang raka. Datang ka Balangbangan, saur kang raka, “Rayi, urang eureun.” “Raka, rampes.” Tuluy eureun teoheun maja, tugna bhwah kalayar. Dicandak ku na kai lanceuk. “Rayi, iyeu bwah naeun?” “Iyeu bwah maja, Raka.” “Ngeunah didahar ?” “Ngeunah, raka.” Arina didahar pait. “Majapait iyeu pingaraneun nagara.”
Disedekkeun deui ngulon kang rayi ku kang raka. Datang Tajigbarat, saur kang rai, “Raka, urang eureun.” “Rayi, rampes.” Eureun teoheun paku tug bwahna. Dicandak ku na kai ais, “Raka, buah naeun iyeu?. “Bwah paku jajat.” “Pakwan Pajajaran ieu ngaran.”
Mangka perang deui. Datang ka Taraban, mangka turun Darmasiksa. “Nya prerang, anaking.” Cipamali nerus gunung, teka nunjang ka sagara halerang godong angsana, na kang raka di Candak ku kai mas dipidwah keun ngulon.
Tuluy dikumpukeun ka Nagara Galuh ku Darmasiksa. Konjara wesi diparanan ku Ratu Maraja sakti, dicipta tuluy lebur jadi cai, turunna ka dayeuh, mana aya Kandangwesi.

Tuluy kumpul deui Nagara Galuh, pada marek ramana neda idin. Mangka matur kang rayi, “Rayi ulang jumeneng ratu ti heula,” Saur Kang Raka, “Suka aing jadi ratu ti heula, da aing kolotna anak putu, rayi ku aing dikawulakeun mo jumeneng nyakrawati lamun teu ngumbara heula”.

No comments:

Post a Comment

Simbol Bilangan atau Angka

  a. Pengertian Angka Memahami suatu angka dapat membantu manusia untuk melakukan banyak perhitungan mulai dari yang sederhana maupaun y...

Blog Archive