Baheula, di hiji kampung aya
saurang budak lalaki. Égon ngaran éta budak téh. Hanjakal éta budak téh kacida
malesna sarta sok ngalawan ka nu jadi indung. Kalakuan séjénna anu goréng téh
nyaéta resep pisan ngadukeun domba.
Dina hiji poé, Égon indit bari nungtun domba jaluna anu
begang lantaran teu diurus muru ka tegalan paranti manéhna ngadukeun domba.
“Héy, Ro. Yu urang adukeun deui domba téh,” ceuk Egon ka
Suhro nu geus nyampak di éta tempat.
“Ké heula atuh Gon, domba kuring mah can seubeuheun
nyatuan,” jawab Suhro.
“Alaaah....teu pira ogé sato atuh, Ro. Keur naon
dipikanyaah ogé, domba mah moal ngartieun ieuh!”
“Enya ari moal ngartieun téa mah, tapi sarua baé jeung
urang hayangeun baranghakan.”
“Bener, Ro. Sok lah geura prung
adukeun, ngarah ramé yeuh!” ceuk Si Aron ngahatéan.
Ahirna Suhro éléh déét. Domba
maranéhna nu can seubeuh nyatuan téh dipaksa sangkan diadu.
Beletak...beletak...sora tanduk
diadu matak linu kadéngéna. Suhro, Égon jeung Aron mah teu boga kapaur sok komo
karunya. Maranéhna anggur ting aréngklak
bari sareuri suka pisan ningali domba nu keur silih teunggar téh.
Lila ogé diaduna éta domba téh. Ahirna domba Égon béakeun tanaga,
tuluy lumpat ngajauhan domba Suhro. Suhro jeung Aron ngékéak Égon nu lumpat
ngudag dombana anu lumpat kana rungkun.
“Héy ! Néangan saha manéh ?”
teu kanyahoan aya nu nyentak ka Égon. Égon ngalieuk ka lebah datangna éta sora.
Gebeg manéhna ngarénjag, sabab nempo hiji lalaki sembada sarta beungeutna
perenges pikasieuneun.
………………………………………………………………………………………..
1. Amanat nu kapanggih tina éta dongéng nyaéta……
A.
kudu
resep ngadukeun domba C. nyaah ka sasama mahluk Allah SWT
B.
nyaah ka
babaturan D.
kudu jadi jalma males
2. Palaku utama dina dongéng di luhur nyaéta….
A. Aron C.
domba
B. Suhro D. Egon
Nu
nelepon : “Assalaamu’alaikum, tiasa nyarios sareng Yudi?”
Sonya : “Wa’alaikum salam, manga, ké antosan sakedap!”
Yudi : “Halo,………………………………………….?”
Nu
nelepon : “héy, Yud! Ieu Tatang, piraku poho.”
3. Kalimah nu éféktif jeung luyu pikeun
ngalengkepan guneman dina telepon di luhur nyaéta….
A. Mangga bade nyarios sareng saha? C. Kumaha damang?
B. Dupi ieu nyarios
sareng saha? D. Abdi hilap deui
sareng saha nya ieu téh?
BABAD MAJALENGKA
Taun 2018 téh umur
kota Majalengka nincak ka 538. Ditilik tina umurna bisa dicindekkeun yén Majalengka téh
lahir taun 1490 Maséhi.
Katangtuan milangkala Majalengka téh dumasar kana Perda No. 05/OP.013.1/PD/1982
tanggal 9 Juni 2005, pasal 1 ayat 1 anu unina : ”Hari jadi Majalengka jatuh
pada tanggal 7 Juni 1490 Masehi bertepatan dengan tanggal 10 Muharam”.
Tatapakan ditetepkeunana éta
perda nyaéta dumasar kana babad ayana Karajaan
Sindangkasih anu diratuan ku Ratu Rambut Kasih.
Kecap Majalengka téh
asalna tina dua kecap nyaéta maja jeung langka. Eta kecap asalna tina basa Cirebon, maja, ngaran
sarupaning buah nu bisa dipaké pikeun ngubaran
kasakit muriang (malaria), sedengkeun langka hartina euweuh. Lengkepna
Babad Majalengka téh saperti pedaran ieu di
handap.
Mangsa harita di wewengkon Majalengka ayeuna ngadeg
tilu karajaan Hindu. Cakraningrat ngaheuyeuk Karajaan Rajagaluh, Pucuk Umun di
Talaga, jeung Nyi Rambut Kasih ratu di Sindangkasih.
Nyi Rambut Kasih kawentar ratu nu geulis
kawanti-wanti, sakti, gedé wibawa jeung gedé komara, sarta jadi panutan rahayatna.
Sabagian tina wewengkon Sindangkasih masih mangrupa
leuweung geledegan. Di antara tutuwuhanana aya nu disebut tangkal maja, anu
hasiatna pikeun nyageurkeun kasakit malaria atawa muriang.
Teu jauh ti Sindangkasih, di Cirebon aya pamaréntahan anu dipingpin ku ulama kamashur, Syéh Sarif Hidayatulloh. Jaman harita, di Cirebon
sumebar kasakit muriang. Loba pisan anu kaserang, malah anu tepi ka hanteuna ogé réa deuih.
Syéh Sarif
Hidayatulloh ngutus Pangéran Muhamad jeung
Siti Armilah pikeun neangan buah maja. Nya terus éta
dua utusan téh arindit. Ngan baé lian ti rék néangan buah maja téh,
Pangéran Muhamad jeung Siti Armilah boga
tujuan séjén,
nyaéta rék
nyebarkeun agama Islam.
Lantaran utusan ti Cirebon datangna ka Sindangkasih
henteu permisi heula, Nyi Rambut Kasih henteu sukaeun wewengkonna ditincak ku
jalma lian. Nyi Rambut Kasih ngawatek kasakténna.
Leuweung nu asalna rembet ku tangkal maja dadaksakala leungit ilang tanpa karana. Atuh dua utusan téh teu manggihan buah anu keur ditéanganana.
“Majané langka,
majané langka!” ceuk eta utusan dina basa
Cirebon, anu maksudna tangkal maja téh euweuh.
Nya nelah baé jadi “majalengka”.
Sanajan anu ditéanganana
teu kapanggih, Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah henteu terus mulang ka
Cirebon. Ceuk angkeuhanana, sugan baé dina
hiji waktu mah bakal manggihan tangkal maja. Jadi dua utusan téh terus néangan,
bari sakalian nyebarkeun agama Islam ka masarakat.
Sabada ngawurukkeun bagbagan agama Islam, Pangéran Muhamad terus matuh di Gunung Margatapa. Ari
Siti Armilah ihtiar pikeun ngislamkeun Nyi Rambut Kasih. Ngan Nyi Rambut Kasih
tetep tagen kana agemanana, tepi ka ahirna mah ngahiyang.
Sabada ditinggalkeun ku ratuna, Karajaan
Sindangkasih aya dina kakawasaan Cirebon, sarta saterusna mah dingaranan
Majalengka.
4. Diantara pasipatan Ratu Rambut Kasih nu dicaritakeun
dina carita babad di luhur nyaéta….
A.
Gedé wibawa jeung gedé komarana
B. Gedé kawani jeung
gedé karajaanna
C. Gedé wibawa jeung
gedé kanyaahna
D.
Gedé komara jeung
gedé kahayangna
5. Kumaha sikep Ratu Sindangkasih basa diajak ku Siti
Armilah sangkan ngagem agama Islam?
A. Narima C. Teu
nampik
B.
Nolak D.
Teu nolak
6. Naon nu kaalaman ku dua utusan ti Cirebon nu
dibalukarkeun ku tindakan Ratu Sindangkasih?
A. Teu bisa manggihan buah naga C. Bisa manggihan buah naga
B. Teu bisa manggihan buah maja D.
Bisa manggihan buah maja
Beja
ti Papandayan
Kuring talatah ka angin garing
Sugan tembus ka nu sidendang na korsi
gading
Lamun ayeuna kuring rungsing
Ku sabab awak diranjah teuing
Kuring
talatah ka walungan lahar
Susuganan
numuwuhkeun rasa sadar
Mun
cai geus nembongkeun rasa pengar
Eta
hartina awak kuring teuing ku angar
Kuring talatah ka hujan lebu
Sugan ngalelemu nu luhung panemu
Sabab weteng kuring nu pinuh ku batu
Tong nepi ka ngabalukarkeun rewuan
tatu
7. Saha nu dimaksud ku kecap kuring dina eta sajak?
A. Walungan C. Elmuwan
B. Gunung D. Pejabat
8. Naon nu jadi sabab pangna pangarang nulis eta sajak?
A. Karunya ka walungan anu caina kotor
B. Karunya ka batu nu aya di jero gunung
C. Hayang nyaritakeun kaayaan alam nu endah
D.
Gunung garundul lantaran
kaina pada nuar
Titenan tabel di handap,
tuluy jawab pananyana!
NO
|
PAKASABAN KOLOTNA
|
JUMLAH SISWA
|
1.
|
Tani
|
40
|
2.
|
Wiraswasta
|
25
|
3.
|
Dagang
|
15
|
4.
|
Guru
|
3
|
5.
|
ABRI
|
1
|
|
JUMLAH SISWA
|
84
|
9.
Sabaraha siswa anu pakasaban kolotna wiraswasta?
A.
40 urang C. 25 urang
B.
15 urang D. 3 urang
10. Pakasaban naon
anu jumlah siswana panglobana?
A. Tani C. ABRI
B. Dagang D. Guru
Rupina mung sakieu unggel serat nu kapihatur,
kalayan neda sih hapunten saupami kirang sapagodos sareng manah pangersa Bapa.
Mugi bae Allah SWT sapapaosna ngaleler kawilujengan ka urang sadaya. Amiin
11. Paragraf di luhur ka asup….
A.
Bubuka surat pribadi C.
Panutup surat
pribadi
B. Eusi surat
pribadi D.
Salam panutup surat pribadi
Mayunan taun ajaran 2018/2019 seueur pisan perkawis nu kedah
dibadantenkeun ku sadaya pangurus OSIS,
utamina patali sareng tatahar kanggo ngalaksanakeun Masa Oriantasi Siswa
(MOS). Gempungan bade dilaksanakeun :
Dinten : Jumaah
Kaping : 8 Juli 2018
Waktos : tabuh 08.00 dugika
rengse
Tempat : Rohangan OSIS SMP Islam Darussalam
Ku kituna
simkuring ngulem sadaya pangurus supados tiasa ngaluuhan eta gempungan.
12. Tulisan di luhur ka asup
kana ……
A.
Bubuka surat resmi C.
Panutup surat resmi
B. Eusi surat resmi D. Kop surat
resmi
13. Tujuan surat di luhur
maksudna nyaeta….
A.
Ngondang rapat
pangurus OSIS pikeun tatahar MOS
B.
Ngondang rapat pangurus OSIS pikeun tatahar pelantikan OSIS anyar
C.
Ngondang rapat pangurus OSIS pikeun tatahar paturay tineng
D. Ngondang
rapat pamgurus OSIS pikeun acara syukuran
Urang
sering miceunan waktu , dipaké ngobrol teu puguh, teu dieusian ku élmu. Kumaha
bisana urang rék meunang kamajuan. Umat Islam baheula, maju lantaran
soson-soson néangan élmu. Saperti Imam Syafi’i, Imam Ghozali, Ibnu Shina, jeung
réa-réa deui. Urang bakal mundur lamun males néangan élmu. Nabi Muhammad
SAW tos wasiat ka urang sadaya anu
unggelna : “Aranjeun kedah diajar élmu, sabab upama tambah élmu, maka bakal
tambah sieun ku Alloh swt. Sarta bakal jauh tina ma’siat-ma’siat. Jeungna deui
ari tolab élmu téh kaasup ibadah.”
14. Naon sababna jaman kiwari umat islam loba anu teu
maju?
A. Getol diajar C.
Resep ngobrol
B. Kedul nyiar elmu D.
resep ngamangpaatkeun waktu
15. Dina dawuhan Rosulullah dina sempalan hutbah di luhur
diterangkeun yen kauntungan tina diajar elmu nyaeta….
A. Tambah
sieun ku Allah C.
Pada mikaresep
B. Babari nyiar gawe D. Loba sobat
Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok
nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék,
hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda.
16. Paragrap di luhur ka asup kana …….
A. Panutup biantara C.
Eusi biantara
B. Bubuka biantara D.
Eusi jeung panutup biantara
WAWARAN
Ka sadaya siswa nu bade ngajengkeun beasiswa prestasi,
kedah saenggalna nepangan patugas Tata Usaha sakola.
Sarat-sarat ngajengkeun beaiswa, di antawisna kedah
nyanggakeun :
1.
Poto ukuran 3 x 4 salambar
2.
Pokokopi rapot
3.
Potokopi sertifikat kajuaraan
4.
Serat widi (izin) ti orang tua (sepuh)
Sadaya sarat-sarat dilebetkeun kana map warna koneng.
Upami kirang jentre, tepangan Pa Agus. Tiasa oge nelepon ka 0233 317875.
Hatur nuhu.
|
17. Naon jejer wawaran di luhur teh?
A. Sarat-sarat nyerenkeun potokopian
B.
Sarat-sarat ngajengkeun beasiswa
C. Sarat-sarat nelepon ka pa Agus
D.
Sarat-sarat nepangan patugas Tata Usaha
sakola
18. Kecap ngajengkeun dina wawaran di luhur mibanda harti nu
sarua jeung kecap….
A. Ngayakeun C. Ngahaturkeun
B. Ngaluyukeun D. Ngajukeun
19. Salah sahiji fungsi wawaran teh
pikeun….
A. Nepikeun niat hade kalayan sopan
B.
Nepikeun informasi ka balarea
C. Nepikeun kahayang ka batur
D.
Mangaruhan babaturan deukeut
20. Panumbu catur dina debat teh jalma anu
boga wewenang pikeun….
A.
Ngatur lumangsungna debat ti mimiti nepi
ka rengse
B. Milih alus henteuna kelompok anu debat
C. Meunteun kelompok anu alus dina debat
D. Nuliskeun kacindekan tina debat
Wewengkon karajaan mana anu kaserang ku kasakit muriang/malaria?
ReplyDeletea. Sindangkasih b. Talaga Manggung c. Cirebon d. Galuh
Wewengkon karajaan mana anu kaserang ku kasakit muriang/malaria?
ReplyDeletea. Sindangkasih b. Talaga Manggung c. Cirebon d. Galuh