Tuesday, March 28, 2017

SANGKURIANG



Kacaritakeun zaman baheula, di hiji karajaan di Jawa Barat aya putri anu geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina. Eta putri teh namina Dayang Sumbi. Anjeuna gaduh karesep ninun lawon tradisional. Sore eta teh Dayang Sumbi keur anteng ninun lawon, salah sahiji gulungan benangna murag ngagorolong kaluar.
Ngan hanjakal waktos eta teh Dayang Sumbi nuju hoream bade nyandak gulungan benang teh. Ngan nyarios weh ngagerendeng: saha wae anu kersa pangnyandakkeun eta gulungan benang, lamun istri bade dijadikeun dulur, lamun pameget bade dijadikeun caroge.
Tapi kacida reuwasna Dayang Sumbi teh, sing horeng anu datang teh sakadang Anjing. Dayang Sumbi teh emut kana cariosanna, nu akhirna Dayang Sumbi oge ngalaksanakeun janjina nikah jeung sakadang anjing tea nu ngaranna Si Tumang.
Ari si Tumang eta teh jelmaan ti saurang lalaki anu dikutuk. Akhirna Dayang Sumbi jeung si Tumang hirup dileuweung da diusir ti karajaan. Terus gaduh putra namina Sangkuriang. Eta budak jadi budak anu pinter jeung kasep. Karesepna moro ka leuweung dibaturan ku si Tumang tea alias bapana.
Dina hiji poe, sangkuriang dipenta ibuna kangge milari hate uncal/mencek. Akhirna Sangkuriang angkat ka leuweung di baturan ku si Tumang kalayan hate Sangkuriang ngarasa gumbira.
Tos dugi ka leuweung Sangkuriang ningali aya uncal eukeur ngadaharan jukut. Tuluy weh  nitah si Tumang pikeun ngudag eta uncal, ngan hanjakalna si Tumang teh embung dititah ngudag, kalah cicing ngajengjen.
Ari Sangkuriang kalah ambek ningali si Tumang cicing wae teh. Akhirna si Tumang dipanah tepi ka paehna, tuluy we …hatena si Tumang dibawa balik dibikeun ka ibuna nyaeta Dayang Sumbi tea.
Tepi ka imah, Sangkuriang mikeun eta hate tadi, bari jeung ngabohong yen eta teh hate uncal.
Tapi Dayang Sumbi teh curigaeun da si Tumang teu ngilu balik jeung Sangkuriang. Sangkuriang didesak ku ibuna ngarah jujur, yen ari si Tumang kamana.
Akhirna Sangkuriang balaka/terus terang, yen enya eta teh hate si Tumang alias bapana tea.
Dayang Sumbi kacida reuwasna nguping pangakuan putrana teh, jeung teu bisa nahan amarahna. Dayang Sumbi nakol mastaka Sangkuriang ku cukil kai dugi ka aya tapakan, jeung diusir ninggalkeun imahna.
Saatosna diusir Sangkuriang teh pendak sareung aki-aki anu kacida luar biasa hebat elmuna. Teras wae Sangkuriang guguru ka aki-aki eta teh dugi ka Sangkuriang jadi pamuda anu seueur elmu beladirina/pinter. Dugi ka Sangkuriang teh tiasa ngelehkeun sasatoan anu galak jeung rupa-rupa jin. Nepi ka jadi anak buah Sangkuriang.
Dini hiji mangsa Sangkuriang teh pendak sareung istri anu geulis pisan. Istri eta teh reuseupeun ka Sangkuriang anu gagah tur kasep deui. Sabalikna Sangkuriang ge reuseupeun ka istri eta teh. Malih mah ku Sangkuriang langsung bade dijantenkeun piistrieun.
Tapi istri eta teh reuwaseun barang ningali aya tapak bared dina mastaka Sangkuriang. Istri eta teh gaduh pirasat yen Sangkuriang teh putrana. Memang leureus istri eta teh sing horeng Dayang Sumbi alias ibuna.
Ti dinya Dayang Sumbi teh nyarita ka Sangkuriang, yen anjeun teh putra ibu. Tapi Sangkuriang teu percayaeun kana naon atu tos dicarioskeun ku Dayang Sumbi teh. Sangkuriang kekeuh hoyong miistri wae ka Dayang Sumbi. Akhirna Dayang Sumbi teh ngajukeun dua syarat anu kedah dicumponan ku Sangkuriang kedah beres dina waktos sapoe sapeuting.
Sarat kahiji, Sangkuriang kedah ngadamel situ jeung parahu anu ageung. Pada akhirna Sangkuriang nyanggupan sarat nu dipenta ku Dayang Sumbi. Tidinya Sangkuriang menta bantuan ka para jin sangkan saratna buru-buru anggeus.
Ningali padamelan Sangkuriang tereh atos teh, Dayang Sumbi milari akal pikeun ngagagalkeun padamelan Sangkuriang. Nya akhirna Dayang Sumbi ngadoa kalayan khusu nu akhirna doa Dayang Sumbi dikabulkeun.
Ngadadak langit siga aya tanda-tanda panon poe arek bijil. Warna koneng semu beureum jeung kakuping sora hayam kongkorongok. Ningali langit jeung nguping sora hayam kongkorongok teh para jin oge lumpat kalabur ninggalkeun Sangkuriang.
Akhirna, tidinya Sangkuriang kacida ambekna, gagal nyumponan kahayang Dayang Sumbi tea jeung Sangkuriang oge teu cios mika istri ka Dayang Sumbi. Teu antaparah deui Sangkuriang ngabobol bendungan nepi ngabanjiran sakabeh desa jeung najong parahu anu sakitu gedena nepi ka jauh pisan jeung ti balik. Parahu anu tibalik eta lami-lami janten gunung, nu ayeuna disebut “Tangkuban parahu”.    


No comments:

Post a Comment

Mekanisme Kontraksi Otot

  Pada tingkat molekular kontraksi otot adalah serangkaian peristiwa fisiokimia antara filamen aktin dan myosin.Kontraksi otot terjadi per...

Blog Archive