Cék
Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah,
ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”
Cék Si
Kabayan, “Ka mana ngalana?”
Cék
ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru
geura.
Léos Si
Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba,
lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi
barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai.
Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya
sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan
dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana
éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta
tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”
Geus kitu
mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana
nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna
moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut
méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé
lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur
calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu
kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut
téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku
ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut.
Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan
keur ngaleugeutan tutut.
Cék
ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”
Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur,
deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”
Ninina
keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.
Cék Si
Kabayan, “Heheh él da déét.”
Dasar Kabayan
ReplyDelete